• rss

Babasan jeung Paribasa | I

arsip kula|Jumat, 05 Juli 2013|01.30
fb tweet g+
Ibu paré Geugeusan paré nu dihaja dijieun leuwih gedé ti geugeusan biasa, minangka indungna (baheula).

Ieu aing Jelema nu ngarasa luhur, hadé, pinter, gagah jeung sajabana ti dinya atawa adigung

Ilang-along margahina, katinggang pangpung dilebok maung, rambutna salambar, getihna satétés, ambekanana sadami, agamana darigamana (drigamana), nyérénkeun Masrahkeun sagala-galana, ilaharna diucapkeun waktu rék ngawinkeun atawa satutasna nyerahkeun.

Indit sirib Indit saréréa saeusi imah.

Indung hukum bapa darigama Papagon, aturan agama jeung nagara.

Indung lembu bapa banténg turunan jalma beunghar atawa ménak.

Indung peuting Méga hideung anu sok témbong ti peuting.

Indung suku gé moal dibéjaan niat pageuh nyekel rasiah, baraya nu landes gé moal dibéré nyaho.

Inget-inget poho Teu inget enya (kana perkara nu geus kajadian baheula).

Inggis batan maut hinis, rempan batan mesat gobang Kacida matak risina, paur pisan.

Ipis biwir Épésméér, babari ceurik.

Ipis kulit beungeut Éraan.

Ipis wiwirang Kandel kulit beungeut, kurang kaéra.

Iwak nangtang sujen Ngadeukeutan pibahayaeun, néangan picilakeun.


Sumber: PEPERENIAN URANG SUNDA; (Rachmat Taufiq Hidayat, Drs. Dingding Haérudin, M.Pd., Drs. Teddy A.N. Muhtadin Darpan, S.Pd., Ali Sastramidjaja); KIBLAT 2000-2005