• rss

Babasan jeung Paribasa | K

arsip kula|Kamis, 18 Juli 2013|01.30
fb tweet g+
Ka cai diangir, batu lempar panuusan Lemah cai, bali geusan ngajadi.

Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak (salogak) layeut, runtut-raut, salih ayunkeun (nu laki-rabi atawa nu sosobatan).

Ka hareup ngala sajeujeuh, ka tukang ngala sajeungkal Hirup ati-ati maké itungan.

Ka luhur sieun gugur, ka handap sieun cacing Taya kawani.

Ka luhur teu sirungan kahandap teu akaran taya kamajuan minangka hukumullah ka jelema doraka atawa bu sok jail ka batur.

Kabawa ku sakaba-kaba kabawakeun atawa kapangaruhan ku batur nu teu pati eucreug.

Kabedil langit (kabéntar méga) kalinglap.

Kabeureuyan mah tara ku tulang munding, tapi ku cucuk peda Cilaka mah biasana tina mokahaan urusan leutik.

Kacang poho ka lanjaran Poho ka asla wiwitan, pindah pileumpangan.

Kacanir bangban Kawiwirangan, meunang kaéra.

Kacekel bagal buntutna Katéwak luluguna.

Kaceluk ka awun-awun, kawentar ka janapria Kamashur, saréréa pada nyaho.

Kaciwit kulit kabawa daging Kabawa goréng ku kalakuan baraya anu salah, atawa milu ngarasa teu ngeunah lantaran aya baraya dihina ku batur.

Kaduhung tara ti heula Ngarasa hanjakal mah geus tangtu moal saméméh migawé kasalahan.

Kagok asor (asong) Jangji nu geus kapalang disanggupan, nepi ka kapaksa kudu dilaksanakeun.

Kahieuman bangkong Siga beunghar lantaran katitipan banda batur.

Kai teu kalis ku angin Jelema mah tara senang salalawasna, hiji waktu pasti pinanggih jeung kasusah.

Kajejek ku hakan Hasil usaha béak ku pakerluan dahareun wungkul.

Kajeun kendor, dapon (asal) ngagémbol Kajeun lila asal hasil.

Kajeun pait heula amis tungtung, manan amis heula pait tungtung leuwih hadé béjaan heula nu banggana, ti batan dibibitaan heula ku untungna, bisi ahirna kaduhung.

Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung Kajeun teuing capé digawé ogé, asal bisa dahar kalawan cukup, teu kakurangan.

Kakeueum ku cai togé Éléh pisan ku pamajikan, nepi ka dipangnyéléwérkeun ogé cicing baé.

Kalah ka ingkig Usaha ka ditu ka dieu teu hasil.

Kalah ka ngahuntu Ngan bisa nyarita atawa pidato wungkul.

Kalapa bijil ti cungap Muka rusiah sorangan kalawan teu dihaja.

Kaliung kasiput Loba baraya nu baleunghar, sasat kalingkung.

Kandel kulit beungeut Teu boga kaéra, sabalikna tina Ipis kulit beungeut.

Kapiheulaan ngaluluh taneuh Hudang kabeurangan.

Kapipit galih, kadudut kalbu Kapincut, bogoh.

Kapiring leutik Kaisinan.

Karawu kapangku Sagala pagawéan kacabak, tur hasilna hadé; kalakon kumaha pait-peuheurna, muga-muga turunan urang mah kari ngeunahna.

Kasangga (kasuhun) kalingga murda, katampi ku asta kalih Katarimakeun, sarta dinuhunkeun pisan.

Kasép ngalénggéréng konéng Nya kasép nya ginding.

Katempuhan buntut maung Ngagantian kasusah batur.

Kakeureut ku sieup, katindih ku kari-kari Kasangka boga dosa.

Katuliskeun jurig Asal heureuy jadi enyaan.

Katurug katutuh Keur cilaka katambah-tambah ku pikasusaheun.

Kaum marhaén Somah, rayat biasa.

Kawas aul Sok ciciduh.

Kawas aeud Nya goréng nya bangor.

Kawas anjing kadempét lincar 1. Nu leutik dikaniaya ku dununganana, ari rék ngalawan teu bisa, ngan bati humandeuar baé; 2. Keukeuleuweuhan teu puguh.

Kawas anjing parebut tulang Paraséa marebutkeun barang anu teu pira.

Kawas anjing tutung buntut Berebet ka ditu berebet ka dieu, kawas nu samar polah; ijigimbrang teu daék cicing.

Kawas anu teu dibedong Kaluar-asup tara nutupkeun panto.

Kawas awi sumaér di pasir Luak-léok pikir teu pageuh tangtungan.

Kawas badak Cihéa Jelema nu leumpangna noyod siga nu degig.

Kawas bangkong (bancét) katuruban batok Jelema anu taya kanyaho lantaran sapopoéna ukur idek liher di lemburna.

Kawas bayah kuda Belél pisan, upamana samping.

Kawas beubeulahan térong Sarua sisan rupana, nu kembar.

Kawas beusi atah beuleum Geuneuk rupana bakat ku kacida ambekna.

Kawas birit sééng Hideung lestreng (kulit jelema).

Kawas bodor réog Jelema anu tingkah polahna pikaseurieun.

Kawas bueuk beunang (meunang) mabuk Ngeluk jeung teu wani ngomong, lantaran rumasa boga dosa.

Kawas bujur aseupan Diuk teu daék cicing.

Kawas (cara) cai dina daun bolang (taleus) Naséhat atawa papatah taya nyangsangna, taya nu terap.

Kawas carangka runtah Jelema nu sagala beuki jeung gembul.

Kawas careuh bulan Diwedak kandel pisan.

Kawas ciduh jeung reuhak Sarua goréngna (goréng adat).

Kawas congcorang murus Jelema (budak) anu jangkung tapi kacida begangna.

Kawas cucurut kaibunan Goréng patut, sarta pikarunyaeun.

Kawas dodol bulukan Beungeut hideung diwedakan teu rata.

Kawas dongéng Si Boséték Gunta-ganti aturan,tapi tetep taya kamajuan.

Kawas durukan huut Pibahayaeun nu teu kaciri, tapi beuki lila beuki gedé.

Kawas gaang katincak Jelema (biasana budak) nu keur garandéng, ngadadak jempé sapada harita, lantaran reuwas atawa aya nu dipikasieun ku maranéhna.

Kawas gateuw Teu bisa liar lantaran kasakit, atawa geus rarémpo, tapi ari awak lintuh.

Kawas gula jeung peueut Kacida dalitna, tara paséa, silih asih.

Kawas hayam keur kumahkar Teu daék cicing lantaran haté kaweur, atawa geus teu sabar ngadagoan nu di arep-arep.

Kawas hayam panyambungan Talamba-tolombo dina riungan lantaran euweuh nu wawuh.

Kawas heulang pateuh jangjang Méh teu bisa walakaya, lantaran teu boga nu bisa diandelkeun.

Kawas himi-himi Méh salilana babarengan duaan tara daék papisah.

Kawas jelér kasaatan Teu daék cicing, gawéna ngan ka ditu ka dieu.

Kawas jogjog mondok Cékcok-récok, gandéng ku nu bareng ngaromong pabedas-bedas.

Kawas ka budak rodék hulu Ngahina, kawas ka jelema nu bodo atawa kawas ka budak nu bolon kénéh.

Kawas kacang ninggang kajang Norostos capétang.

Kawas kedok bakal Rupa jelema anu goréng patut kacida.

Kawas kedok rautaneun Kacida goréng patutna kawas kedok nu can anggeus.

Kawas kuda leupas ti gedogan Ngumbar kahayang lantaran geus euweuh nu ngahalangan.

Kawas kuuk Dilarapkeun ka jelema nu saréna (ngedeng) morongkol.

Kawas langit jeung bumi Pohara bedana.

Kawas lauk asup kana bubu Teu bisa ngundurkeun diri, lantaran geus kabeungkeut ku jangji atawa sumpah.

Kawas leungeun nu palid Leungeun nu teu daék cicing, ngopépang, sagala dirampa, sagala dicabak.

Kawas nanggeuy endog beubeureumna Kacida didama-dama jeung dipusti-pustina awahing ku gedé kanyaah (inggis nu dipikanyaahna tinemu balai).

Kawas nu dipupul bayu Taya tangan pangawasa.

Kawas nu kékéd Teu bisa barangbawa.

Kawas nu mulangkeun panyiraman Boga kahayang (paménta) anu anéh cara nu keur nyiram, lantaran geus deukeut kana ajal.

Kawas pantun teu jeung kacapi Bisa mamatahan wungkul, teu bisa nyontoan.

Kawas panyeupahan lalay Lawon anu belél, kawas panyeupahan lalay.

Kawas pérah bedog rautaneun Goréng pisan.

Kawas Rama jeung Sinta Nurub cupu, nu kasep jeung nu geulis.

Kawas siraru jadi Jelema loba nu riab ka mana-mana.

Kawas tatah Teu hideng sorangan (digawé), kudu dititah (diparéntah) baé.

Kawas térong dibelah dua Dua jelema anu (méh) sarua rupana, biasanya mah budak kembar.

Kawas tikukur Nyebut ngaran sorangan ka nu anyar pinanggih.

Kawas toéd Budak beuki ngomong, célémbéng.

Kawas tunggul kahuru Jelema goréng patut.

Kawas ucing garong Jelema jahat nu sok ngaranjah imah, sakapeung bari nandasa nu boga imah.

Kawas ucing jeung anjing Dua jelema nu teu daék akur, lamun paamprok kudu baé paséa.

Kawas ucing kumareumbi Jelema nu sok resep ruwal-rawél, siga ucing nu keur kumincir.

Kawas ucing nyanding paisan Deukeut kana pimaksiateun.

Kéjo asak, angeun datang Sapagodos jeung maksud urang.

Kélék jalan Tempat anu teu gampang didatangan lantaran jauh ti jalan gedé.

Kebo mulih pakandangan Balik ka lembur sorangan sabada lila ngumbara di lembut batur.

Kembang buruan Budak anu keur meujeuhna lucu sarta geus resep ilin diburuan.

Kembang carita Jadi bahan carita nu narik perhatian dina riungan-riungan.

Kembang jalan Ungkluk.

Kembang mata (soca) Nu dipikanyaah atawa dipikaasih.

Keuna ku aén Meunang cocoba lantaran ku “panénjo” batur (loba teung nu muji).

Keuna ku lara teu keuna ku pati Bisa jadi éléh atawa tatu, tapi moal maot.

Keur béntang surem Keur apes, keur goréng milik.

Keur meujeuhna bilatung dulang Keur meujeuhna parabaneun (budak leutik), keur meujeuhna beuki dahar.

Keur meujeuhna buta tulang buta daging Keur meujeuhna bedas.

Keur meujeuhna héjo lémbok rambay carita Keur meujeuhna lubak-libuk, euweuh kakurang.

Keuyeup apu Jelema anu éléhan jeung euweuh kahayang kodomoyo, leuleumeuyeu.

Kiceupna sabedug sakali Jelema anu kacida lungguhna.

Kiruh di girang kiruh di hilir Lamun nu di luhurna geus teu balener, tangtu nu di handapna ogé sarua kitu.

Kokod monongeun Teu daékeun asak, lantaran mindeng dicabakan (bubuahan nu dipeuyeum).

Kokolot begog Ngomong teu merenah kawas kolot.

Kokoro manggih mulud, puasa manggih lebaran Makmak-mekmek,kokomoan barangdahar atawa ngumpulkeun barang nepi ka poho kautamaan.

Kokoro nyénang Nembongkeun pangaboga nu teu sabaraha lantaran hayang dipuji (jelema miskin).

Kokoro nyoso, malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam Jelema anu kacida masakatna, sagala teu boga.

Kolot dapuran Pernah kolot nurutkeun pancakaki, sanajan umur leuwih ngora.

Kolot dina beuheung munding Kolot tapi teu boga kanyaho.

Kolot kalapa Dilarapkeun ka lalaki atawa awéwé anu umurna geus kolot, tapi masih matak kataji.

Kolot kolotok Kolot tapi euweuh kanyaho, kosong tina élmu pangaweruh.

Kolot pawongan (pawongeun) Jelema anu umurna ngora kénéh, tapi katémbongna siga geus kolot.

Koréh-koréh cok Usaha buruh leutik, hasilna ngan cukup saharitaeun.

Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang kumarantang Jelema anu pipilueun kana hiji urusan lantaran ukur kabawakeun ku batur, lain karepna sorangan.

Kudu bisa ngeureut neundeun Kudu bisa ngajeujeuhkeun rejeki, kudu sina mapahat.

Kudu boga pikir rangkepan Ulah ujug-ujug percaya kana omongan batur anu manis.

Kudu ngukur ka kujur, nimbang ka awak Sagala rupa tingkah laku kudu luyu jeung kaayaan diri sorangan.

Kudu nyaho lautanana, kudu nyaho tatambanganana Kudu nganyahokeun adatna, kalakuanana, kangéwana (karesepna).

Kujang dua pangadékna Usaha anu ngadatangkeun dua rupa kauntungan.

Kukuh Ciburuy Teu bisa dionggét-onggét, teu daék nurut kana paham batur nu leuwih bener.

Kukuk sumpung dilawanan dada leway Sarua goréngna, nu ngambek dilawan ngambek, nu burung dilawan ku nu gélo.

Kulak canggeum (bagja awak) Milik hadé atawa goréng geus ditangtukeun ku Gusti Nu Mahasuci.

Kumaha bulé hideungna (baé) Kumaha engké baé buktina.

Kumaha ceuk nu dibendo baé Kumaha ceuk nu mingpin di luhur baé.

Kumaha geletuk batuna kejebur caina/Kumaha kecebur caina geletuk batuna baé Kumaha béhna, kumaha engke baé.

Kumaha raména pasar Ula-ilu, kumaha guyubna batur (balaréa).

Kumambang kana kersa Pangersa Pasrah kana takdir.

Kuméok (ngéok) méméh dipacok Wegah méméh ngajalankeun pagawéan.

Kumis bangbara ngaliang Kumis nu nyeseg kana liang irung.

Kurang jeujeuhan kurang ati-ati, kurang itungan.

Kurang saeundan Jelema nu teu pati jejeg pikiranana, rada gélo.

Kuru aking ngajangjawing Pohara kuruna.

Kuru cileuh kentel peujit Ngurangan saré, ngurangan dahar (tirakat), lantaran aya nu dimaksud.

Kuru kuralang-kuriling Lara sangsara kadungsang-dungsang.

Kurung batok Teu daék lunta ti lembur, jalma nu tara ka mana-mana, jadi teu loba kanyaho.


Sumber: PEPERENIAN URANG SUNDA; (Rachmat Taufiq Hidayat, Drs. Dingding Haérudin, M.Pd., Drs. Teddy A.N. Muhtadin Darpan, S.Pd., Ali Sastramidjaja); KIBLAT 2000-2005