Entri Terbaru

    Babasan jeung Paribasa | A

    Abang-abang lambé Ukur ngagenahkeun batur wungkul

    Abong biwir teu diwengku, abong létah teu tulangan Ngomong henteu dipikir heula, tungtungna matak pikanyerieun batur.

    Adam lali (ing) tapel Jelema nu geus poho ka baraya jeung poho ka lemah caina sorangan.

    Adat kakurung ku iga Laku lampah kurang hadé anu hésé dileungitkeunana.

    Adéan ku kuda beureum Ginding ku papakéan/barang beunang nginjeum, atawa agul ku banda batur.

    Adep-hidep Kumawula (ka salaki)

    Adigung adiguna Gedé hulu, boga rasa leuwih pinjul ti batur, kaciri dina laku lampah jeung omonganana.

    Adil palamarta Kacida adilna.

    Adu telu ampar tiga Nu aya perkara diriungkeun atawa nu jual beli

    Agul ku payung butut Jalma nu sok agul nyaritakeun yén manéhna turunan ménak baheula, sanajan ayeuna hirupna taya kaboga.

    Ahli leleb Tukang baranghakan.

    Ajak jawa Ngajak bari ukur tamba, lain saenyana, dapon ngeunaheun batur.

    Akal bulus Akal licik, akal jahat.

    Akal koja Pinter dina kagoréngan.

    Aki aki tujuh mulud Geus kolot pisan.

    Aku aku angga Ngan saukur ngaku ngarasa nu boga, padahal saenyana mah milik batur.

    Alak paul Kacida jauhna.

    Alak-alak cumampaka Niru-niru atawa hayang nyaruaan saluhureun; pupujieun; ieu aing.

    Allah mah tara nganggeuy di bongkokna Allah moal mihak ka jalma nu boga dosa

    Along-along bagja Teu tulus neunang bagja

    Alus laur hadé omé Tegep dedeg pangadeg (boh awéwé boh lalaki)

    Alus panggung Hadé dedeg pangadegna.

    Ambek nyedek tanaga midek Kacida ambekna ngan teu bisa ngalawan lantaran moal pikuateun.

    Ambek sadu santa budi Saléh haté, lemes budi, sabar darana.

    Ambekna sakulit bawang (sakecap kadua gobang) Babari ambek rosa.

    Ambon sorangan Bogoh sosoranganan, teu dilayanan.

    Amis Budi Hadé budi parangi, soméah, mun nyarita sok dibarung ku imut.

    Amis daging Babari pisan katerap kasakit.

    Anak dua keur gumunda Awéwé nu karék boga anak dua, keu meujeuhna tegep, pikabogoheun.

    Anak emas Anak anu kacida dipikanyaah ku kolotna, atawa pagawé anu kasida dipikanyaah ku dununganana.

    Anak hiji keur gumelis Awéwé nu karék boga anak hiji, katénjona téh sok beuki geulis baé, komo nu bisa ngurus awak mah.

    Anak mérak kukuncungan Kahadéan atawa kagoréngan anak ngala ka indung-bapanan.

    Anak tilu keur kumusut Upama geus boga anak tilu, awéwé nu teu bisa ngurus awak katénjona sok karusut, geus teu pati luis.

    Anggeus-anggeusan Bébéakan.

    Anjing ngagogogan kalong Mikahayang nu pamohalan kalaksanakeun.

    Anjing nyampeurkeun paneunggeul Ngadeukeutan nu rék mahala.

    Anu burung diangklungan, anu gélo digodgogan, anu édan dikendangan Anu gedebul dihaminan, supaya tambah maceuh.

    Apal cangkem Apal tapi teu nyaho hartina

    Ari diarah supana, kudu dipiara catangna Ari aya barang nu diala hasilna kudu daék ngurusna.

    Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed Najan umur geus kolot, kahayang kawas nu ngora.

    Asa uing uyah kidul Boga rasa panggindingna, pangkasépna, pangtegepna atawa pangpunjulna.

    Asa bucat bisul Ngarasakeun lugina sanggeus ngaréngsékeun pagawéan anu beurat, atawa sanggeus lésot tina kasusah.

    Asa dijual teu payu Cuang-cieung euweuh batur lantaran ditinggalkeun di panyabaan ku anu ngajakna.

    Asa dina pangimpian Rarasan keur ngimpi awahing hélok padahal keur nyaring.

    Asa dipopokan tai Ngarasa pohara diwiwirangna.

    Asa dipupuk birus Ngarasa tibra haté.

    Asa ditonjok congcot Kacida atohna, bungah meunang rejeki nu teu disangka-sangka.

    Asa ditumbu (katumbu) umur Kacida atohna, lantaran dibéré barang anu kacida dipikahayang atawa ditulungan dina keur meunang kasusah.

    Asa euweuh beungeutan Kacida érana.

    Asa kabur pangacian Kacida ruwasna, nepi ka teu puguh cabak, asa leungit sumanget.

    Asa kagunturan madu kaurugan menyan putih Kacida bungahna jeung bagjana.

    Asa katindihan langit Heunteu aya harepan.

    Asa kiamat Pohara sedihna jeung susah luar biasa.

    Asa mobok manggih gorowong Kabeneran aya jalan pikeun ngahasilkeun usaha nu keur dipaju.

    Asa nyanghulu ka jarian Teu ngeunah rasa lantaran kudu ngadunungan ka jalma nu sahandapeun pangartina atawa harkat darajatna.

    Asa penggas rancatan Leungiteun batur nu sok nalang dina pagawéan.

    Asa potong (pingges) leungeun katuhu Lengiteun jelema nu kacida gedé gawéna, kacida dikabutuhna.

    Asa rawing daun ceuli Mindeng ngadéngé omongan anu henteu ngeunah.

    Asa teu beungeutan Éra kacida.

    Asa tungkeb bumi alam Kacida bingungna.

    Asak jeujeuhan dipikiran heula masing anteb.

    Asak sasar Dipaluruh bener-henteunan.

    Asak warah Hadé atikan, basa jeung paripolahna mérénah.

    Atah adol Kurang ajar, kurang pangawarah.

    Atah anjang Langka silih anjangan.

    Atah warah Kurang atikan, sabalikna tina asak warah.

    Ateul biwir Sok géték hayang baé ngomong sanajan teu perlu dicaritakeun.

    Ateul dampal leungeun Gereget hayang nampiling.

    Ati mungkir beungeut nyinghareup Caritaan jeung kalakuan henteu terus nepi kana haté, sabab di hareupeun hadé di tukangeun ngagoréngkeun.

    Ati putih badan bodas Beresih haté, taya geuneuk-maleukmeuk.

    Atuh énéh atuh énéh Kitu-kitu kénéh.

    Aub payung, sabet sapon saba-soba Nuduhkeun wawatesan pakuwon.

    Awak kawas badawang Jangkung gedé teu matut.

    Awak sabeulah Henteu boga salaki atawa pamajikan.

    Awak sampayan(eun) Maké pakéan kumaha waé ogé pantes baé.

    Awak satilas Jangkung lenjang.

    Awét jaya (ngora) katénjona siga ngora baé.

    Awét rajét Dilarapkeun ka nu laki-rabi, lana tapi réa pacéngkadanana.

    Awéwé mah dulang tinadé Awéwé mah biasana kumaha lalaki/salaki.

    Awéwé mah tara cari ka Batawi Awéwé mah tara nyiar kipayah.

    Awi sadapuran tara lempeng kabéh Najan sarua saturunan, tapi perkara milik jeung rejeki mah tara sarua.

    Aya (boda) garad Aya maksud nu dikemu, aya nu dipambrih, henteu iklas.

    Aya astana sajeungkal datangna ajal teu gumantung kana umur panjang. Naon-naon anu dianggap jajauheun, bisa waé kajadian.

    Aya bagja teu daulat Rék meunang kauntungan atawa kabagjaan, tapi henteu tulus.

    Aya buntutna Aya terusna (tina perkara) anu nguciwakeun

    Aya cukang (jalan) komo meuntas Kabenéran aya cukang lantaran pikeun gancang-gancang ngalaksanakeun pamaksudan.

    Aya di sihung maung Dilarapkeun ka jelema nu loba hubungan jeung gegedén, jadi gampang meunang pitulung.

    Aya gantar kakaitan Aya hal anu teu sapuk jeung haténa tapi teu dikedalkeun, heunteu iklas pisan; atawa aya perkara atawa kajadian naon-naon nu pasambung jeung kajadian anu ti heula.

    Aya jodo pakokolot Bisa ngajodo sanggeus papada kolot.

    Aya jurig tumpak kuda Datang milik anu henteu disangka-sangka

    Aya kélong néwo-néwo Aya anu ngusutkeun (ngarorocét), padahal geus bérés pisan tadina mah.

    Aya nu dianjing cai Aya nu dihéroan.

    Aya (boda) pikir kadua leutik Aya kahayang anu henteu kanyahoan ku batur, upamana hal kacintaan.

    Aya (Boga) pikir kapingburi Aya kahayang anu timbul pandeuri; asal teu hayang jadi hayang, sanggeus lila ditimbang-timbang.

    Ayakan tara meunang kancra Jelema bodo moal sarua gajihna atawa panghasilanana jeung jelema pinter.

    Ayak-ayak béas, nu badag moncor nu lembut nyangsang nuduhkeun kayaan anu teu sawajarna upamana baé anu dihikum téh anu teu pira kasalahanana, ari nu gedé kasalahanana teu dihukum

    Ayang-ayangan Tumérap kana perkara anu réa rambat kamaléna.

    Ayem tengtrem Euweuh kaributan atawa bancang pakéwuh

    Anyeuh ngora Tumerap kana turunan nu maraot ngora-ngora.


    Sumber: PEPERENIAN URANG SUNDA; (Rachmat Taufiq Hidayat, Drs. Dingding Haérudin, M.Pd., Drs. Teddy A.N. Muhtadin Darpan, S.Pd., Ali Sastramidjaja); KIBLAT 2000-2005

    Babasan jeung Paribasa

    Babasan jeung paribasa téh kaasup kana pakeman basa. Ari pekeman basa, nyaéta pok-pokan maneuh anu ngandung harti siloka, henteu sacéréwéléna. Éta omongan dilarapkeun ka jelema, ngan kecap-kecapna henteu dicokot tina ngaran babagian awak atawa paripolah/pasipatan jelema baé, tapi aya tina ngaran barang salian ti jelema, saperti ngaran sasatoan atawa tatangkalan anu diwangun omongan geusan ngedalkeun kereteg haté atawa pikiran ka nu lian. Pakeman basa gé sok disebut idiom, tina basa Yunani idios anu hartina sorangan, mandiri, pribadi, husus, atawa has. Harti anu kapanggih dina pakeman basa atawa idiom disebut harti idiomatik.

    Naon atuh béda antara babasan jeung paribasa téh?

    Babasan téh nyaéta sawatara susunan kecap nu hartinya teu sarua jeung harti sawajarna, tapi biasana geus kamaphum ku saréréa (Satjadibrata, 2005:61), atawa ucapan maneuh anu dipaké dina harti injeuman (LBBS, 1995:43). Babasan téh sarua hartina jeung wiwilangan atawa bibilangan, nyaéta ucapan-ucapan nu hartina henteu sajalantrana, susunan basana ringkes, saeutik patri, jeung ulah dihartikeun sacéréwéléna.

    Contona: “dulang tinande” (awéwé mah kumaha lalaki) “kawas aul” (ciciduh atawa sok cumiduh), “dibeuweung diutahkeun” (dipikir dibulak-balik sangkan keuna ka nu dimaksud), “nyalindung ka gelung” (ngandelkeun [usaha] pamajikan), “kolot sapeuting” (Kolot euweuh kanyaho), “ngadu angklung” (paréa-réa omong nu taya gunana), “buntut kasiran” (korét/medit).

    Kecap paribasa harti sacéréwéléna mah atawa harti asalna nyaéta panyarék. Ari dina basa Sunda kiwari, paribasa teh hartina sarua jeung ibarat, umapa, biasana, baku, dadaku, jsté. Upamana waé di ungkara:

    Ceuk paribasa, najan dahar karo uyah ogé ari ngariung jeung anak rabi mah ngeunah baé.
    Paribasa manéh mah ari geus ménta duit téh.
    Paribasa nganyam samak neukteukan bari motongan, paribasa néang anak ngadeukeutan popotongan.

    Dina élmu basa, paribasa téh babandingan anu jadi perlambang laku ngawangun hiji omongan (runtuyan kecap), anu puguh éntép seureuhna, geus puguh surupanana, geus tangtu pok-pokanana (Prawirasumantri, 1973:39). Ceuk istilah séjénna paribasa téh ungkara winangun kalimah (klausa) nu kekecapanana katut susunanana geus matok, tur maksudna geus puguh, biasana ngandung harti babandingan atawa siloka lakuning hirup manusa. Rusyana (1981:3) angtukeun papasingan paribasa jadi tilu bagian, nyarta pangjurung laku hadé, panyaram lampah, jeung wawaran luang. Ari Sudaryat (1995:103) jeung Salmun (1963:84) nétélakeun papasingan paribasa disawang tina rupa-rupa hal, saperti ditilik tina gelarna, ditilik tina basa kabujanggan, tarjamah tina basa asing (basa Jawa, Indonesia, Arab, Inggris), disawang tina sumber babandingan (ngabandingkeun kana ngaran awak sakujur, ngaran sasatoan, ngaran tutuwuhan, ngaran kaayaan alam, ngaran barang, jeung laku lampah saperti paribasa patali jeung tani, patali jeung ingon-ingon, perikanan, dagang, seni, ninun, sistem kamasarakatan, basa, élmu pangawéruh, jeung kapercayaan).

    Cindekna mah boh babasan boh paribasa pada-pada pakeman basa anu umumna prah dipaké ku saréréa pikeun nyinggetkeun carita anu panjang maksudna, disusun mangrupa kalimah anu geus matok sarta ngandung pituah atawa piluangeun. Susunanana ditetepkeun ku karuhun Sunda, teu meunang dirobah, dikurangan, dileuwihan atawa dilemeskeun, sabab lamun dirobah éntép seureuhna, tanwandé hartina ogé jadi robah.

    Naon atuh bédana babasan jeung paribasa téh? Nurutkeun Abud Prawirasumantri (1995:117) babasan jeung paribasa téh saenyana mah geus ngawangun hiji kecap (kantétan), ari paribasa mah méh mirupa kalimah, ceuk Sudaryat (1985:118) babasan umumna ngandung harti injeuman, sedengkeun paribasa ngandung harti babandingan, sarta nangtukeun papasingan babasan kana babasan wangun rundayan, babasan wangun kantétan, jeung babasan wangun frasa. Ditilik tina sumber babandinganana, Sudaryat (1995:20) ngawincik deui jadi babasanngaran awak sakujur, sasaton, tutuwuhan,kaayaan alam, jeung ngaran barang.

    Ku sabab kitu teu anéh upama nepi kiwari sigana nu disebut babasan jeung paribasa téh masih sok patukeur. Ceuk hiji ahli disebut babasan tapi ceuk nu séjén kaasup kana paribasa. Geura urang cutat conto-contona ieu dihandap:

    Conto babasan/paribasa Satjadibrata LBBS H.I. Buldan Djayawiguna R. Maskar Gandasudirja
    Ngadu angklungparibasa (kaca 28)paribasa (kaca 19)babasan paribasa
    Ngabuntut bangkongparibasa (kaca 44)babasan (kaca 40)babasanparibasa
    Tamplok batokeunparibasa (kaca 398)babasan--
    Wiwirang di kolang catang, nya gedé nya panjang paribasababasanbabasanparibasa

    Pikeun kaperluan praktis mah urang ringkeskeun baé yén babasan mah ngawangun hiji kecap (kantétan), ari paribasa mah mangrupa kalimah. Mun ceuk basa deungeun mah babasan téh idiom, sedengkeun paribasan mah proverb. Duanana ogé kawengku ku pakeman basa anu disebut idiomatic expression téa.


    Sumber: PEPERENIAN URANG SUNDA; (Rachmat Taufiq Hidayat, Drs. Dingding Haérudin, M.Pd., Drs. Teddy A.N. Muhtadin Darpan, S.Pd., Ali Sastramidjaja); KIBLAT 2000-2005