• rss

Babasan jeung Paribasa | H

arsip kula|Kamis, 27 Juni 2013|00.30
fb tweet g+
Hadé gogog hadé tagog Hadé basa jeung hadé tata jeung hadé paripolah

Hadé ku omong goréng ku omong Sagala rupa perkara bisa disebut hadé atawa goréng lantaran omonganana.

Hadé lambé (lalambé) Alus omong tapi teu terus ka haté

Hadé repok Alus nasibna dina laki-rabi, loba rejeki, jsté.

Halodo sataun lantis ku hujan sapoé Kahadéan nu geus sakitu lilana, leungit ku ngalampahkeun kagoréngan sakali.

Hambur bacot murah congcot Babari nyarékan, tapi béréhan.

Hampang birit Daékan, sabalikna beurat birit.

Hampang leungeun Gampang neunggeul.

Handap lanyap Hadé basa, puguh entep-seureuhna, tapi nu saenyana mah ngunghak atawa ngahina; hormat tapi matak nyentug kana haté.

Handap asor Daék ngahormat ka batur.

Hantang hantung gantigong hantriweli Kalah ka hadé rupa hadé tagog, tapi tanya araheunana.

Haok Hamprong Beuki hahaok.

Hapa héman Taya panarima, taya pamales budi ka nu geus nyieun kahadéan. Bandingkeun jeung Nu asih dipulang sengit.

Hapa hui/kapahui Teu jamuga

Hapa hapa ogé ranggeuyan Sanajan teu boga harta banda leuheung kénéh sabab boga salaki.

Haréwos bojong Omongan anu diharéwoskeun, tapi kadéngé ku nu deukeut ka nu diharéwosan.

Harelung jangkung Kacida jangkungna.

Harigu manukeun Dada jelema nu nonjol ka hareup.

Haripeut ku teuteureuyeun Totorosol pisan kana urusan pirejekieun.

Harus omong batan goong Béja mah sok babari pisan sumebar.

Haseum budi Leuwih mindeng baeud jeung camberut dibatan seuri.

Haseum kawas cuka bibit Kuraweud haseum, teu méré budi pisan.

Hatur tangis Ngabéjakeun kanyeri ati.

Hawara biwir Resep ngabéjakeun perkara anu tacan tangtu bakal dilaksanakeun atawa hal anu lila kénéh kana waktu dilaksanakeunana.

Hayang leuwih jadi léwéh Hayang untung kalah rugi.

Hayang untung jadi (kalah) buntung Tinimbang untung kalah rugi.

Hayang utah iga Ngarasa kacida sebelna.

Héjo cokor badag sambel Dusun pisan.

Héjo tihang Resep pipindahan, gunta-ganti pagawéan.

Hérang caina beunang laukna Anu dipikahayang laksana ku jalan badami tur henteu kalawan nganyenyeri haté batur.

Hérang hérang kari mata, teuas teuas kari bincurang Asal beunghar jadi miskin, bandana teu ngari saeutik-eutik acan.

Hésé capé teu kapaké Hanas ceuk rarasaan mah digawé soson-soson, ari hég dianggap salah ku dunungan atawa hasilna mubadir.

Henteu asa jeung jiga Geus loma pisan.

Henteu cai hérang-hérang acan Teu disuguhan naon-naon (teu cai-cai acan).

Henteu gedag bulu salambar Henteu sieun atawa henteu gimir saeutik-eutik acan.

Henteu jingjing henteu bawa Henteu mawa naon-naon keur oléh-oléh ka nu dijugjug.

Heunteu unggul kalinduan henteu gedang kaanginan Henteu kapangaruhan ku ruruba (rupa-rupa panggoda), pageuh nyekel tangtungan sorangan.

Heueuh heueuh bueuk Ongkoh nyaluyuan (nyebut heueuh), tapi henteu terus kana haténa.

Heunceut ucingeun Babari reuneuh

Heuras genggerong Caritaanana sugal jeung garihal, teu bisa ngangeunahkeun haté batur ku omongan.

Heuras létah Omonganana matak nyugak atawa teu ngeunaheun batur.

Heureut pakeun pungsat bahan Teu réa ka boga, saeutik panghasilan.

Heurin ku létah Teu bisa nyaritakeun perkara kasalahan batur, lantaran bisi aya matakna ka ditu ka dieu.

Hideung ngabangbara Hideung meles sarta hérang.

Hideung-hideung ogé buah manggu, matak tigurawil bajing Nyolong badé; sanajan luarna (cangkangna) henteu piukabitaeun, jerona (eusina) mah matak deudeuieun.

Hileud peuteuy Jelema anu ngahalangan pakarepan batur.

Hirup disuhun, paéh dirampés Tumamprak pasrah kana kersa Nu Maha Kawasa, lantaran geus béak déngkak, upama nu gering geus lila teu cageur baé.

Hirup katungkul ku pati, paéh teu nyaho di mangsa Hirup di dunya téh bakal ditungtungan ku maot anu datangna teu bisa dipastikeun ti anggalna.

Hirup ku ibun, gedé ku ku poé Hirup balangsak, sasat euweuhnu ngurus, hirup kalantar.

Hirup ku panyukup gedé ku paméré jelema anu hirupna ukur ngandelkeun paméré batur.

Hirup ngabangbara Jelema anu tempat matuhna keur leutik téh teu tumaninah, tapi ari sakalieun barangpaké mani kacida gindingna.

Hirup ramijud Hirup teu ngaleunjeur lantaran bumbuk di sué (taya kamarasan).

Hirup teu neut, paéh teu hos Terus-terusan gering ripuh, tapi teu maot.

Hirup ulah manggih tungtung, paéh ulah manggih (aya) béja Laku lampah kudu bageur supaya alus kacaritakeunana.

Huap hiji diduakeun Ngirit-ngirit sagala kaperluan sapopoé, supaya bisa nyumponan kaperluan anak atawa saha baé anu perlu dibélaan

Hudang pineuh (tineuh) Mindeng hudang tuluy ngedéng deui, lantaran teu daék saré ku ngararasakeun panyakit.

Hujan cipanon Ceurik balilihan, loba nu ceurik.

Hulu gundul dihihidan Nu keur untung tambah untung.

Hulu peutieun Jelema nu leutik sirahna henteu surup jeung awakna.

Hunyur mapandé (mandéan) gunung Nyeta-nyeta jelema anu leuwih ti manéhna (biasan dina kaboga), atawa cahah nyaruakeun manéh ka ménak.

Hurip gusti, waras abdi Jaman péodal, upama raja senang sarta mulya, rayat cageur.

Hurung nagtung siang leumpang Beunghar sarta dipaké ngaginding.

Hutang hatong Satengah heureuy, nyapirakeun kana hutang, daék bayar, henteu entong.

Hutang salaput hulu Loba pisan hutang, nepi ka samar kabayar.

Hutang uyah bayar uyah, hutang nyeri bayar nyeri Males kanyeri atawa kajahatan ku hukuman nu sarua atawa saimbang.


Sumber: PEPERENIAN URANG SUNDA; (Rachmat Taufiq Hidayat, Drs. Dingding Haérudin, M.Pd., Drs. Teddy A.N. Muhtadin Darpan, S.Pd., Ali Sastramidjaja); KIBLAT 2000-2005