• rss

Babasan jeung Paribasa | D

arsip kula|Jumat, 07 Juni 2013|01.32
fb tweet g+
Daék macok, embung dipacok Jelema nu hayang meunang (untung) sorangan, daék ménta embung dipénta.

Dagang oncom rancatan emas Modal nu kacida gedéna, ari nu dijual jeung diarah batina teu sabaraha.

Dagang peda (pindang) ka Cirebon Dagang barang ka tempat nyieun éta barang.

Dah bawang dah kapas Jual-beuli kontan.

Dahar kawas meri Uprat-aprét jeung ngaréméh.

Daharna sakésér daun Daharna mindeng pisan.

Datang keténjo (katingali) tarang, undur katénjo (katingali) punduk Tatakrama nu amit-amitan, nembongkeun yén taya geuneuk maleukmeuk atawa sérong salingkuh.

Dédénge tara Kadéngé sawaréh atawa dédéngéan anu teu pati tétéla.

Déngdék tapi maliding sanak Pilih kasih, teu adil.

Deukeut (heureut) deuleu pondok léngkah Kurang pamandangan jeung teu bebas dina indit-inditan.

Deukeut-deukeut anak taleus Sakitu padeukeut teu nyaho yén baraya atawa aya kajadian penting di salah saurang di antara maranéhanana.

Deungeun-deungeun haseum Taya baraya sautik-eutik acan.

Di bawah tangan Teu maké saksi ti pihak nu resmi.

Diadudombakeun Diadu-adukeun.

Diadukembangkeun Dicekel pundukna tuluy diadekkeun palebah tarangna sataker tanaga.

Dialungboyongkeun Digujang-gajig, dipundah-pindah.

Dianaktérékeun Disapirakeun.

Diangeuncareuhkeun Diantep henteu didahar.

Dibabuk lalay Dibabukeun kawas lalay (musuh loba nu ngaronom urang), ngababukeun ngénca-ngatuhu.

Dibéjérbéaskeun Diecéskeun atawa dijéntrékeun pisan.

Dibéré sabuku ménta sajeungkal, dibéré sajeungkal ménta sadeupa Lantaran dibéré wani sautik, jadi beuki loba paméntana sarta nyalutak (jalma kurang ajar).

Dibeuleum seuseur Diburu-buru sina anggeus.

Dibeuteungan nyusu Dieureunan nyusu, dipesat.

Dibeuweung diutahkeun Dipikir dibulak-balik.

Dibilang peuteuy Dibilang hiji-hiji.

Didagoan ku sééng nyéngsréng Dipikabutuh ayeuna.

Didago-dago tilewu Hanas didagoan, ari pék teu datang.

Didingding kelir Dibuni-buni atawa dirusiahkeun.

Dihin pinasti anyar pinanggih Sagala nu kaalaman ayeuna saéstuna geus ditangtukeun ti heula ku Pangéran.

Dihurunsuluhkeun di(sa)kompétdaunkeun Disamarutkrun jeung nu boga dosa; nu goréng saurang, kabéh kababawa.

Dijieun hulu teu nyanggut, dijieun buntut teu ngépot Teu beunang dijeujeuhkeun, tara eucreug baé.

Dijieun lalab rumbah Disapirakeun, henteu diajénan.

Dikepung wakul buaya mangap Dikepung ku musuh anu samakta ku pakarangna.

Dikerid peuti Dibawa kabéh saeusi imah atawa kampung.

Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban Ditambang¸ditalak henteu, dinapakahan ogé henteu, dipiara tapi teu diurus dahar-pakéna.

Diperih pati turta gawé Diéré papancén nu kacida beuratna, bisa jadi kudu nemahan pati.

Dipiamis buah gintung Disangka hadé jeung batur, tapi nu saenyana mah jahat.

Dipisudi méré budi Dipiharep kalah ngambek, ngabaéudan.

Disiksik dikunyit-kunyit, dicacag diwalang-walang Dihukum pati, dihukum beurat pisan.

Disuhun dina embun-embunan Ditarimakeun pisan.

Disusul tepus Ditéangan terus, nepi ka beunang (nu boga dosa).

Ditangtang diténgténg dijieun bonténg sapasi Dianggap anéh atawa modél.

Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup di hareup sieup Kekecapan keur awéwé anu kacida geulisna, taya cawadeunana.

Ditiung méméh hujan Kudu iatna saméméh cilaka.

Ditiung sanggeus hujan Kakara iatna sanggeus karuhan cilaka, lain saméméhna nyegah picilakaeun.

Ditulis tonggong Dibokong, nu boga hadas teu dibéjakeun atawa teu dibawa mupakat heula.

Dogdong pangrewong Jalma nu mantuan pagawéan tamba lumayan, teu boga tugas nu penting.

Dogong-dogong tulak cau, geus gedé dituar batur Ngalindeukan lajang (mojang) pipamajikaneun, ari geus meujeuhna dikawin kop ku batur.

Dosa salaput hulu Dosa anu geus kacida lobana.

Dug hulu pet nyawa Usaha satékah polah méh taya eureunna.

Dug tinetek atawa dug hulu pet nyawa Digawé beurat méh taya eureunna.

Duit pait (panas)Duit nu teu meunang dipaké pikeun kaperluan pribadi, duit nagara atawa duit amanat.

Duum tinggi Babagi henteu adil, aya nu meunang loba, jeung aya nu saeutik.


Sumber: PEPERENIAN URANG SUNDA; (Rachmat Taufiq Hidayat, Drs. Dingding Haérudin, M.Pd., Drs. Teddy A.N. Muhtadin Darpan, S.Pd., Ali Sastramidjaja); KIBLAT 2000-2005