ilustrasi: Mangle
Rupi-rupi batu permata parantos kagungan, kayaning jamrut, angkik, mérah delima sareng sajabinan parantos sarajut ageung seueurna. Tapi aya kénéh anu jadi kapansaran Éyang Resi, aya kénéh nu dipikapalayna nya éta batu wulung. Para catrik diutus ka tiap madhab, nguriling ka tepis wiring, ngambah ka pilemburan sugan aya sumebar béja di mana batu wulung.
Kocap aya selenting bawaning angin, béja nu pabéja-béja, cenah dina gawir cadas nu garawés tonggoheun léngkob Kupuk Cangéhgar, mun isuk-isuk atawa soré sok katémbong aya cahaya konéng semu beureum nyéngcélak.
Catrik Ki Tirtaguna gancang piunjuk wawartos ka Éyang Resi ngeunaan éta béja. Atuh Éyang Resi kacida ngaraos bingahna. Saterusna Éyang Resi kalayan diiring ku paracatrik, jengkar ngajugjug tempat anu ceuk béja téa. Anjog ka tempat anu dijugjug téh wanci pasosoré. Enya baé sakumaha anu ceuk béja téa téh nyata.
Tapi rék kumaha bisana nyandak barang anu dimaksud, pisakumahaeun bakal bisa disorang, lantaran pernahna dina sela-sela batu gawir cadas anu nangtawing, pamohalan bisa ditaékan. Éyang Resi lajeng calik sidakep, meleng neneda kénging ilapat. Saterusna Éyang Resi lajeng gugupay, téléndén aya beurit nyampeurkeun. Ku Éyang Resi éta beurit téh dicaritaan sangkan mangnyokotkeun itu barang nu cahayaan konéng semu beureum di jero sela-sela batu dina gawir cadas. Pikeun beurit teu héséeun, babarieun pisan nérékél naékan gawir téh. Atuh sadepan ogé geus turun deui bari ngégél batu wulung anu hérang ngempur konéng sari beureum. Éyang Resi tumanya ka beurit, sabada ngalaksanakeun piwarangna hayang naon éngké beurit baris dilaksanakeun. Sakadang beurit nyarita yén manéhna hayang bisa hibeur. Mungguhing Éyang Resi anu linuhung élmu, harita kénéh anjeunna ngaluarkeun sulampé tina saku jubahna, teras dirungkupkeun kana awak sakadang beurit. Dihin pinasti dadak sakala sulampé jadi sakulit sadaging kana awak sakadang beurit ngajadi jangjang sarta terus bisa hiber.
Sakadang beurit laksana sakahayang bisa hiber, kitu deui Éyang Resi tinekanan. Ti harita éta sato jajadian téh katelahna lalay,** (Sumber: Odjo AD / Galura)