ilustrasi: Mangle
Budak pahatu lalis téh awéwé jeung lalaki. Cikalna lalaki kira umur lima taun, adina awéwé kira umur opat taun. Saditinggalkeun ku kolotna, ieu budak dua téh éstu cukleuk leuweung cukleuk lamping, jauh ka sintung kalapa. Lieuk deungeun lieuk lain, jauh ka indung ka bapa.
“Beuleum hui téh aya kénéh Akang?” ceuk adina nu geus lapareun.
“Geus béak nyai, beuleum hui na tadi béak. Urang ka legok wé yu nyai urang ngala buah harendong atawa kupa jeung dukuh keur ubar lapar mah, da akang ogé sok di bawa ka legok ku bapa almarhum, harita kupa jeung dukuh téh keur baruahan,” ceuk lanceukna.
Si Nyai diajak ngala kupa kulanceukna téh mani giak naker. Ku lanceukna dituntun ka legok nu harieum ku tatangkalan. Sabab da tara kasaba ku jalma.
Bener wé buah kupa téh geus arasak mani meuhpeuy harideung. Di handapeun tangkalna mayak urut bajing jeung kalong. Si Ujang nérékél naék tangkal kupa. Ari si Nyai adina nungguan handapeunana dina kebon eurih nu busik. Si Nyai sina diuk dina catang bari sakapeung mulungan kupa nu murag. Sabot si Ujang lanceukna naékan tangkal kupa téa, teu nyahoeun yén nu didiukan ku Si Nyai disangka catang téh sabenerna oray bungka keur numpi. Oray rék megar gedéna sagedé tangkal jambé. Ku si Ujang ogé teu kacirieun da puguh atoh teuing nempo buah kupa nu sakitu harideungna.
Taksiran ngambeu hanyir jelema, oray bungka nu reék megar téh ngulisik. Gewewek dampal suku si Nyai téh digégél. Puguh wé si Nyai reuwaseun. Kaliwat reuwas jeung sieun Si Nyai teu bisa ngejat. Iwal sasambat ka lanceukna.
“Kang tulungan kang tulungan aya nu gagarayaman kana suku jeung ngégélan,” ceuk si Nyai.
“Usap wé usap sireum meureun, ké akang kagok ieu mani arasak kieu,” ceuk lanceukna bari jongjon metik kupa.
Oray bungka téh neureuyna beuki luhur nu antukna nepi kana sirah si Nyai da unggal sasambat ménta tulung ku lanceukna ukur sina diusap.
“Kang tulungan kang tulungan ieu abdi dilegleg oray…” lep Si Nyai diteureuy buleud. Wekasan nepi ka hanteuna Si Nyai dilegleg oray. Oray ngaléor ngagorobas ka kebon eurih.
Barang geus réngsé kantongna pinuh ku kupa, lanceukna turun. Barang rét ka handap ngagebeg sababa Si Nyai geus euweuh. Catang nu didiukanana geus pindah ngaléor ka kebon eurih.
“Wah palangsiang, Si Nyai téh dilegleg oray. Nyaiii.. Nyaiii..” ceuk lanceukna gura-gero, tapi lebeng Si Nyai teu némbalan.
Barang srog ka lebah oray téa, manéhna ngagebeg sabab tétéla adina aya dina beuteung oray. Kaciri dina beuteung oray nu ngalungsar kamerekaan téh melendung.
“Emh deudeuh nyai, bet jadi kieu akang hirup nyorangan, pan ieu kupa téh keur nyai,” ceuk lanceukna. Manéhna kacida bingungna hirup nyorangan bari adina teuing kumaha nasibna. Manéhna ukur bisa ceurik bari bru nambru dina kebon eurih sisi oray nu gulang-guling.
“Keur kitu manuk pacikrak gegeleberan bari disada, cuklik..cuklik.. turih ku pucuk eurih, cuklik.. cuklik… turih ku pucuk eurih.”
Ngadéngé manuk disada kitu asa dibéjaan. Si Ujang metik pucuk eurih tilu lambar tuluy dibesétkeun kana beuteung oray. Boréngkal hadéna téh di Nyai masih kénéh hirup. Tapi leuleus.
Ningali adina hirup kénéh ngan leuleus Si Ujang ngala daun jati terus digeberan. Nyah si Nyai beunta ngan nging ceurik kareureuwasan.
Sanggeus jagjag deui si Nyai dibawa balik. Tina ladang kupa jeung dukuh nu saban poé dialaan eta budak pahatu lalis téh bisa hirup turta jagjag. Isuk jaganing géto éta dua budak téh dirawatan ku tukang nyadap kawung. Lahangna dijieun gula. Gulana diiderkeun ku Si Ujang.*** ( B M / Galura)