ilustrasi: Mangle
Harita ogé, masyarakat di dinya geus miara munding. Rata-rata barogaeun mundingna téh leuwih ti dua. Anu unikna, mundingna henteu dikandangan, teu kawas ayeuna, tapi dikencarkeun di hiji pasir. Teu dicangcang, teu ditalingakeun jeung teu dijaga.
Ti peuting ogé diantep di éta pasir, henteu diampihkeun. Padahal taun 1921 mah, maung masih kénéh loba, wewengkon Bungbulang jeung basisir Laut Kidul masih loba leuweung geledegan.
Najan kitu teu kungsi kajadian aya munding nu ditekuk ku sadakang maung. Atuh masyarakat téh teu hariwangeun mundingna dihakan maung jeung sato galak séjénna.
Sabada ditalungkit singhoréng munding bogaeun akal, taktik jeung stratégi sangkan teu dimangsa ku maung. Unggal jam genep soré, geus rék reup-reupan peuting, munding nu kapéto jadi pamingpin témbong riweuh ngamankeun anggota kelompokna séwang-séwang.
Enéeng atawa anak munding dikumpulkeunm dihijikeun jeung munding nu geus karolot nu geus kurang tanagana. Munding nu masih kénéh ngarora jeung gedé tanagana sarta tandukna ranggakgak ngurilingan énéng jeung munding kolot dina posisi nukangan, nyanggareup ka luar. Huluna diposisikeun siga rék diadu, tandukna siap ngagadil.
Ku cara kitu maung téh jadi sebéreun rék nekuk munding. Nempo tanduk munding nu ranggakgak sarta tungtingna seukeut maung teu wanieun ngadeukeutan. Kaciptaeun meureun kumaha budal-badil peujitna mun kudu digadil ku munding nu keur meumeujeuhna gedé tanaga. Dina kituna mah maung ogé boga kasieun.
Kumaha ayeuna kapanggih kénéh taktik munding saperti di wewengkon Bungbulang? Moal kapanggih. Nu barogaeun mundingna ogé ukur hiji dua, tur munding nu dipibogana henteu loba. Mun tea mah dikencarkeun sarta peuting teu dikandangan kiwari mah leuwih teu aman batan baheula. Mémang moal dimangsa maung lantaran maungna geus teu nyésa hiji-hiji acan. Tapi pasti munding téh dina waktu nu moal lila bakal leungit, aya nu maling. (AG / Galura)