• rss

Babasan jeung Paribasa | S

arsip kula|Kamis, 29 Agustus 2013|00.03
fb tweet g+
Saampar samak Sageblég jeung kaayaanana méh sarua, sakapat atawa satatar (ngeunaan sawah, kebon), disebutkeun kana sawah atawa tanah nu padeukeut atawa tepung wates jeung sawah atawa tanah batur.

Saaub payung sacaang damar Lahan atawa pakarangan heureut.

Sabata sarimbagan, sabobot sapihanéan Layeut sauyunan, tara pasalia pikir. Tingali ogé sareundeuk saigel, saketak sapihanéan, sabata sarimbagan.

Sabda pandita ratu Pangandika raja kudu beunang dipercaya kawas sabda pandita, raja teu meunang cidra.

Sabelas dua belas Sarua kénéh, sakitu-kitu kénéh.

Sabuni-buni nu ngising Sanajan dibuni-buni/dirasiahkeun, pagawéan serong mah awal ahir sok kanyahoan.

Sabuni-buni (nu neundeun) tarasi Sanajan dibuni-buni/dirasiahkeun, pagawéan sérong mah awal ahir sok kanyahoan.

Sacangreud pageuh, sagolék pangkék Sagala omonganana ditedunan, tara jalir jangji, pageuh nyekel jangji, tara sulaya tina omonganana.

Saciduh metu, saucap nyata Sipat nu luhung élmuna, sagala rupa kasauranana aya buktina.

Saciriking duit sakocopoking bogo Rupa-rupa perkara anu boga daya tarik kana haté.

Sadom araning baraja (braja), sakunang araning geni Perkara (barang) anu bisa ngalantarankeun cilaka, sanajan teu pira (jadi ulah sok mokahaan).

Saeutik mahi, loba nyésa Jelema anu bisa ngatur rejeki, najan ukur meunang saeutik, tapi bisa nyumponan pangabutuh.

Saeutik patri Najan saeutik tapi matak sugema lantaran alus.

Sagalak-galakna (sagalak-galaking) macan, tara ngahakan (nyatu) anak sorangan Sakumaha bengisna atawa kejemna jelema, moal nepi ka ngabinasa atawa nyilakakeun anak.

Sahérang-hérangna cibéas Sabersih-beresihna haté jelema nu geus nganyenyeri moal beresih pisan.

Sakésér daun Babari lapar deui.

Sakecap kadua gobang Babari ambek, malah mun ambek bari sok ngagunakeun pakarang.

Sakti mandraguna (manggulang-mangguling) Pohara Saktina.

Sakuru-kuruna lembu, saregéng-regéngna banténg Sakumaha teu bogana, jalma nu asalna beunghar, moal miskin-miskin teuing.

Salieuk béh beunghar, sagala aya.

Salisung garduh Sapongkol (sakongkol).

Saluhurna punduk tara ngaliwatan hulu Sakumaha pinterna murid (waktu harita), moal leuwih pinter ti guruna.

Samagaha pikir (haté) Hirup bingung, baluweng mikiran kasusah.

Sanajan nepi ka bisa ngukir langit Sanajan sakumah pinterna.

Sangsara di geusan betah Jelema anu kacida miskinan, tapi anéhna téh ari hirup mah hayang kénéh.

Sapapait samamanis Hirup rukun.

Sapi anut ka banténg Awéwé ngawula ka salaki.

Sapu nyéré pegat simpay Papisah sanggeus babarengan lila, lantaran pindah tempat.

Sareundeuk saigel sabobot (saketak) sapihanéan sabata sarimbangan Rembug sauyunan, sabagja sacilaka, lulus runtut.

Sari gunung Tegep geulis katénjona ti kaanggangan ari ti kadeukeutan mah teu sabaraha.

Sasieureun sabeunyeureun Saeutik-eutikeun.

Satalén tilu baru Kitu-kitu kénéh.

Satengah buah lenca Rada gélo, kurang ingetan.

Sato busana daging, jalma busana élmu Jelema mah minangka nu jadi papakéanana téh élmu lain daging kawas sato.

Saumur nyunyuhun hulu Tibarang lahir, ti barang inget.

Saungkab peundeuy Omongan nu ringkes sarta rada janggal, upamana nu carang takol, ari rajeun ngomong saungkab peundeuy.

Saur manuk Ngajawab pertanyaan bareng sarta sarua, saperti ngucapkeun, “Mupakat, akur!”

Sawaja sabeusi Sarua harkatna, darajatna atawa rajakayana; sakupu (salaki jeung pamajikan).

Sawan geureuh Kawas nureuwas ku digeunggeureuh-keun.

Sawan kuya Kawas kuya nangkarak teu bisa nangkub, dilarapkeun ka jalma nu naék teu bisa turun atawa nu hayang eureun tina pagawéan nu geus dimimitian tapi teu bisa.

Séngsérang padung Jelema geus kolot, ceuk taksiran geus deukeut ka paéh.

Séngsérang panon Jajaka atawa parawan nu keur meujeuhna pikaresepeun, atawa keur meujeuhna resep nénjo nu tegep lantaran keur mangkat begér.

Sétan bungkeuleukan Jelema anu kacida jahatna, taya rasrasan dina kadolimanana.

Sela hapitan gunung Budak lalaki nu boga lanceuk awéwé hiji jeung adi awéwé hiji.

Selang-seling Aya éling aya henteu (nu gering rada owah).

Selenting bawaning angin, kolépat bawaning kilat (béja) Kabar angin atawa kabar tolok, nyaéta béja anu nyebarkeun ditatalépakeun, teu puguh sumberna.

Sentak badakeun Digawé rosa tapi ngan sajongjongan; digawéna getol sakapeung, reureundahan.

Sepi paling towong rampog Aman kerta raharja,

Serah bongkokan Taluk, sanggeus ngarasa tétér.

Sereg di buana (panto) logor di liang jarum Teu bisa atawa teu wani campur jeung jalma réa nu balener lantaran jahat (loba dosa), biasana campurna di kalangan nu jarahat deui bari susulumputan.

Seukeut ambeu seukeut panon Loba mata-matana.

Seukeut tambang manan gobang Sakumaha gagahna jelema lamun ngalawan ka pamaréntah tangtu katangkep.

Seuneu hurung dipancaran Jelema nukeurambek ditambahan piambekeunana.

Seuneu hurung cai caah, ulah disorang Jalma anu keur napsu ulah diladénan atawa diheureuyan.

Seuri konéng Seuri maur, seuri rada éra atawa nyeri, upamana tas ceurik atawa tas ngambek.

Seuseut batan neureuy keueus Kacida héséna.

Ci cépot jadi raja Jelema euweuh kabisa jadi pamingpin.

Sibanyo laleur Ledis pisan, teu nyésa saeutik eutik acan.

Siduru isuk Nyunatan budak teu maké raraméan, sarta teu ondang-ondang.

Sieun képlok jadi tamplok Sieun rugi saeutik, tapi tungtungna rugi gedé pisan.

Sieun nyakclak jadi bahé Sieun rugi tapi tungtungna jadi lapur.

Sieuran (Awéwé) ku saliwat katénjona teu kaasup geulis, tapi mun ditelek-telek tegep; sabalikna tina sari gunung.

Siga béntang kabeurangan Geulis pisan.

Siga bungaok Goréng patut pisan.

Silih jenggut jeung nu gundul Pakumaha-kumaha jeung batur nu pada teu boga nanaon.

Siniger tengah Sikep atawa pamadegan nu sedeng, biasana henteu biluk ka salahsahiji pihak.

Sireum ateulan Teu adil dina babagi atawa teu sarua gedéna dina barangjieun; teu sarua ukuranana (gedéna).

Sireum ngalawan kadal Nuleutik ngalawan nu gedé.

Sirung ngaluhuran tunggul Jelema nu darajatna atawa élmuna ngungkulan kolotna atawa guruna.

Sisit kadal Goréng milik.

Sisit kancra Alus milik.

Soéh keuyeupeun Soéh nyiku atawa masékon (baju, samping, jsb).

Sono bogoh geus kalakon, lara wirang geus kasorang Geus cukup pangalaman ngarasakeun suka-duka.

Sosoroh gawé Ménta digawékeun tanpa buruhan, asal dibéré dahar.

Sosoroh kojor Milu perang nandonkeun nyawa, tapi miluna teu iklas, lantaran dipaksa.

Suku sambung leumpang, biwir (létah) sambung lémék Darma mangnepikeun maksud batur, lain niat sorangan.

Sulit ati belang bayah Dilarapkeun ka jelema nu pundungan jeung goréng sangka ka batur.

Suluh besem ari diasur-asur mah hurung Jelema sabat ogé ari hantem diangsonan mah piraku teu ngalawan.

Sumput salindung Boga kalakuan anu ulah kanyahoan ku batur (salaki ku pamajikan atawa sabalikna).

Sundul ka langit Kacida luhurna nepi ka kawas nu adek kana langit.


Sumber: PEPERENIAN URANG SUNDA; (Rachmat Taufiq Hidayat, Drs. Dingding Haérudin, M.Pd., Drs. Teddy A.N. Muhtadin Darpan, S.Pd., Ali Sastramidjaja); KIBLAT 2000-2005