• rss

Babasan jeung Paribasa | P

arsip kula|Jumat, 16 Agustus 2013|01.00
fb tweet g+
Paanteur-anteur julang Nu tas dianteurkeun, nganteurkeun deui nu tas nganteurkeunana.

Pabalik (ti balik) létah Barangbéré tapi dipénta deui.

Pacikrak ngalawan merak Rayat leutik ngalawan ménak atawa nu keur kuasa, nu lemah ngalawan nu kuat.

Pada rubak sisi samping Pada gedé hampura, atawa pada loba luang pangalaman.

Padaringan kebek Repok nu alus, bakal moal kakurangan rejeki.

Padu teu (moal) buruk digantung Perkara moal robah atawa bolay ku ditunda-tunda; geus maot sarta dikubur.

Paéh pikir Teu boga karep.

Paéh poso Méakeun kadaék, tisusut tidungdung.

Paéh teu hos, hirup teu neut Gering ngalanglayung, hirup tapi teu eureun-eureun gering.

Pagedé-gedé urat renggé Patarik-tarik nyoara (nu paséa).

Pageuh kancing loba anjing Taki-taki mageuhan tulak, bisi aya bancang pakéwuh.

Pagiri-giri calik, pagirang-girang tampian Hayang leuwih ti babaturan dina jalan usaha, teu daék sapapait-samamanis, teu daék silih tulungan.

Paheuyeuk-heuyeuk leungeun Babarengan, sauyunan.

Pait daging pahang tulang Mulus awak langka katerap kasakit.

Pait paria Pait ngeunah.

Pajauh huma Pegat babarayaan.

Pakait pikir Jangji rék ngahiji.

Pakokolot supa Padeukeut umurna, henteu sabaraha ganjor.

Pamuka lawang Oléh-oléh, kiriman.

Panasbaran Babari ambek.

Panas leungeun Teu jadian pepelakan, sabalikna tina tiis leungeun.

Panday tara bogaeun bedog Nyindiran tukang nyieun sarupaning barang, nu teu bogaeun éta barang nu sok dijieunna.

Pangéran mah tara nanggeuy ti bongkokna Ilikan Allah mah tara nanggeuy ti bongkokna.

Pangeprak reumis Purah diutah-étah, ngajalankeun pagawéan nu lumayan.

Panjang ingetan Teu babari poho.

Panjang léngkah Jauh panyabaan, henteu kagok indit-inditan.

Panjang leungeun Cocorokot, sok pulang-paling.

Panon kéongeun Panon nu caian baé.

Panonna kandar ka sisi resep ngarérétan nu kasép (dilarapkeun ka awéwé lalenger).

Papadon los ka kolong Nu jangji tara jadi; pasini geus asak pisan tuluyna bolay.

Papais-pais paray Patéép kawas paray nu dipais, bari ngahuntu kala.

Paraji ukur malar saji Dukun palsu, ngan ngarah buruhan wungkul.

Pardu kasambut sunat kalampah Ngalakukeun anu wajib bari sakalian anu sunat.

Pareumeun obor teu nyaho saha-sahana nu jadi baraya atawa karuhun lantaran euweuh nu ngabéjaan.

Pariuk manggih kekeb Papada meunangkeun nu goréng patut.

Pasini jangji pasang subaya Nyieun perjanjian.

Pasrah arit Pasrah teu terus jeung haté.

Pat-pat gulipat Kalakuan licik, teu jujur.

Pelengkung bekas (beukas) nyalahan Keur ngorana bageur, tapi ka kolotnakeun jadi teu eucreug.

Perang urat sarap Perang teu maké pakarang.

Perlaya ing yuda Kasambut (maot) di pangperangan.

Pétot béngo dulur sorangan Sanajan ngéwa atawa ambek ka dulur atawa ka baraya anu landes, ari manéhna meunang karerepet mah teu weléh hayang nulungan, jeung ngahampura kasalahanana, henteu téga ngantep (bandingkeun jeung buruk-buruk papan jati).

Peujit koréseun Isuk-isuk kénéh geus kudu barangdahar, elat meueusan sok nyalingit beuteung.

Peunggas rancatan Béak modal, tepi ka pugag usaha, atawa ditinggalkeun maot ku anu jadi andelan.

Peupeureuman (leleyep) asu Tacan saré tibra.

Peureum hayam Peureum meueusan, bisa kénéh nénjo atawa api-api meureum.

Peureum kadeuleu beunta katara (karasa) Inget baé (ka jelema).

Picung cibur Saregepna digawé ngan mimiti baé (jelema goréng gawé).

Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir Mikahayang anu henteu layak pikeun dirina.

Pilih kasih Teu adil (upama dina ngabagi rejeki).

Pindah cai dibawa tampianana Aya di pangumbaraan, mageuhan adat kabiasaan sorangan.

Pindah cai pindah tampian Nyaluyukeun diri kana adat kabiasaan di tempat anyar.

Pindah pileumpangan Robah adat atawa robah kalakuan, tina hadé jadi goréng.

Pinter aling -aling bodo Saenyana mah pinter, tapi embung kanyahoan ku batur, malah kalah sok nyeta-nyeta nu bodo.

Pinter kabalinger Ongkoh pinter tapi katipu atawa ngayakeun aturan anu teu bener pikeun kapentingan sorangan.

Pinter kodék Licik, daék ménta embung méré.

Pipilih nyiar nu leuwih, kocéplak meunang nu pécak Hayang nu leluwih alus, kalah meunang nu goréng.

Piruruhan dikatengah-imahkeun Nu hina jadi mulya, tapi sanggeus mulya adatna jadi ningkah loba léléwa.

Poék mongkléng buta radin Poék pisan, teu katénjo nu legok-legok, siga rata baé.

Poho ka purwadaksina (wiwitan) Pindah pileumpangan, robah adat jadi gedé hulu.

Pokrol bambu Pangacara nu teu boga kaahlian dina widang hukum, ngan ukur boga pangalaman.

Pondok catur panjang maksud Caritaan anu ringkes tapi ngeusi.

Pondok heureut Kurang akal, teu daék mikir nu hésé-hésé.

Pondok jodo Teu awét laki-rabi.

Pondok jodo panjang baraya Sanajan pondok jodo sing nuluy jadi baraya.

Pondok léngkah Teu pati bébas lunta ti lembur.

Pondok nyogok panjang nyugak Omongan anu matak nyentug kana haté, garihal teu matak resep ngadéngékeunana.

Potol jarum Awéwé nu taya pisan boga pakaya.

Potol téko Lalaki nu taya pisan boga pakaya.

Pucuk awian Tara puguh pamadegan (jangji), luak-léok baé.

Puguh éntép seureuhna Merélé, sarta alus susunan basana.

Pupulur méméh mantun Ménta diburuhan méméh prak digawé.

Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari (jadi) tunggak Katideresa, katindih ku kari-kari, dituding boga dosa lantaran kabeneran aya ditempat kajadianana kajahatan.

Pur manuk Ngagawékeun jelema bari teu jeung disuguh, ngan diburuhan duit wungkul.

Puraga tamba kadengda Digawé asal jadi, tamba henteu, asal baé.


Sumber: PEPERENIAN URANG SUNDA; (Rachmat Taufiq Hidayat, Drs. Dingding Haérudin, M.Pd., Drs. Teddy A.N. Muhtadin Darpan, S.Pd., Ali Sastramidjaja); KIBLAT 2000-2005