• rss

Babasan jeung Paribasa | N

arsip kula|Senin, 05 Agustus 2013|00.30
fb tweet g+
Naheun bubu pahareup-hareup Pahutang-hutang nepi ka pada kagok nagih (pihutangeun).

Najan dibawa ka liang cocopét, moal burung nuturkeun Dibawa ka mana-mana ogé daék (awéwé ku sakalina).

Nanggung bugang Ditinggalkeun maot ku lanceuk jeung ku adi.

Nangkeup mawa euyeub (eunyeuh) Mawa cilaka ka nu dipéntaan tulung.

Nangtung di karungan, ngadeg di karageman Kumpulan barempung (ragem), musawarah.

Némbongkeun sihung Némbongkeun kapunjul (kakawasaan, kabeungharan, kapinteran) dirina sangkan dipikasérab atawa dipikasieun batur.

Nénéh bonténg Ngogo ka budak, tapi ari ambek gampang neunggeul.

Népakeun jurig pateuh Mindahkeun kagoréngan ka batur sangkan sorangan salamet.

Nété akar ngeumbing jangkar Sésélékét ka nu hésé, nyorang wewengkon anu rumpil.

Nété porot ngeumbing lesot Sagala ihtiar teu hasil.

Nété semplék nincak semplak Kitu salah kieu salah, sagala rupa ihtiar teu hasil.

Nété tarajé, nincak hambalan Kudu merenah, kudu puguh péréléanana (ti handap heula).

Nepak cai malar cérét Ngagunakeun akal, supaya batur nyaritakeun perkara anu ku urang keur ditalungtik.

Nepak dada Ngagulkeun jasa diri sorangan.

Nepi ka nyanghulu ngalér Nepi ka paéh.

Nepi ka pakotrék iteuk Nepi ka pakokolot pisan (nu awét laki-rabi ti keur pada ngora).

Nepung-nepung bangkelung Ngaraketkeun babarayaan ku jalan bébésanan.

Neukteuk curuk dina pingping Nyilakakeun baraya atawa batur sagolongan.

Neukteuk leukeur meulah jantung, geus lain-laina deui Teu hayang dibalikan deui (awéwé ka urut salakina).

Neundeun haté Aya kahayang nu henteu dikedalkeun.

Neundeun piheuleut nunda picela Néangan lantaran supaya jadi goréng atawa bengkah.

Ngabéjaan bulu tuur Ngabéjaan perkara nu geus teu anéh keur nu dibéjaan, da geus nyahoeun.

Ngabeungeutan Némbongkeun kagetolan jeung kasatiaan dina mimiti kumawula wungkul.

Ngaborétékeun liang tai di pasar Nyaritakeun rasiah sorangan nu matak aéb.

Ngabudi ucing Kawas nu nu teu karep, api-api teu hayang, padahal ngadagoan batur bongoh.

Ngabudian Némbongkeun pasemon ngéwa, baud-baeud.

Ngabuntut bangkong Teu bisa méré katerangan nepi ka écés pisan, atawa teu sanggup nganggeuskeun pagawéan.

Ngaburuy Nginum cai wungkul bari teu maké lalawuh (upamana sémah nu teu disuguhan kadaharan).

Ngacak-ngebur Mangpang-meungpeung sabab sagala geus nyampak.

Ngadagoan belut buluan (sisitan), oray jangjangan Moal kaalaman, mustahil kajadian.

Ngadagoan kudu tandukan Ngaharepkeun perkara nu mustahil bisa kajadian.

Ngadagoan uncal mahpal (mabal) Ngadagoan rejeki bari teu ihtiar.

Ngado-dago (nganti-nganti) dawuh Téréh maot.

Ngadaweung (ngalangeu) ngabangbang (ngawangwang) areuy (tineung) Ngadaweung bari kawas nu jarauh panineungan.

Ngadék sacékna, nilas saplasna Nyarita satarabasna, teu diréka.

Ngadeupaan lincar Karalang-kuriling deukeut imah nu keur hajat (sidekah) ngarah diaku atawa diondang.

Ngadu angklung Parebut omong atawa paréa-réa omong nu taya gunana.

Ngadu bako Ngobrol ngaler-ngidul bari teu puguh jejerna.

Ngadu-ngadu rajawisuna Ngahudangkeun amarah batur ngarah paraséa.

Ngagandong kéjo susah nyatu Loba titaheun ngan hanjakal ku hésé nitahna, lantaran euweuh nu daékeun ari.

Ngagedag bari mulungan Nanyakeun hiji perkara anu manéhna sorangan teu nyaho jawabanana, susuganan bisa terus nyaho tina jawaban ti nu ditanyana.

Ngahihileudan Ngahalang-halang jadina hiji perkara ku jalan ngagogoréng, nyingsieunan atawa mitenah.

Ngahuntu kala Paselang nu luhur jeung nu handap dina jajaran.

Ngahurun balung ku tulang Jelema anu diuk bari nangkeup tuur lantaran keur susah atawa keur bingung.

Ngajelér paéh Ngajepat alus (halis).

Ngajerit maratan langit, ngocéak maratan méga (jagat) Ngajerit tarik pisan.

Ngajual jarum ka tukang géndong Niat nipu ka nu pinter.

Ngajul béntang (bulan) ku asiwung Mikahayang nu pamohalan bisa kalaksanakeun.

Ngalalakon Nyieun peta nu matak ngahésékeun.

Ngalambang sari Awéwé atawa lalaki nu geus boga salaki atawa pamajikan ngalakukeun hubungan seks di luar nikah; jinah.

Ngalamot curuk Teu beubeunangan, teu hasil.

Ngalap haté Ngagenahkeun haté batur sangkan nyaaheun ka urang.

Ngalénghoy lir macan teu nangan Awéwé anu leumpang ngalénghoy atawa ngalanggéor.

Ngalétak ciduh Teu tulus atawa ngabatalkeun omongan.

Ngalebur tapak (dosa) Ngaleungitkeun lampah goréng, supaya migawé nu hadé.

Ngalegokan (ngajeroan) tapak Nambahan kasalahan atawa dosa.

Ngaleut-ngaleut (ngeungkeuy) ngabandaleut, ngembat-ngembat nyatang pinang Iring-iringan nu panjang naker.

Ngaliarkeun taleus ateul Resep ngucah-ngacéh kagoréngan batur.

Ngalingling ngadeuleu maling Nénjo bari susulumputan da embung kanyahoan ku nu diténjo atawa ku batur.

Ngalintuhan maung kuru Néangan pibahayaeun.

Ngalungkeunkeun kuya ka leuwi Nempatkeun jelema (pagawé) ka lemburna sorangan.

Ngan ukur saoléseun Ngan ukur keur kaulinan atawa keur saheulaanan, lain rék enya-enya dijieun pamajikan nu bener.

Ngandung haté Ngunek-ngunek, boga haté goréng hayang males kanyeri; rasa teu ngeunah dina haté anu can leungit-leungit.

Nganjuk kudu naur, ngahutang kudu mayar Pihutang, tagihan, sabalikna tina hutang-hatong.

Nganjuk teu naur, ngahutang teu mayar Ngajeblug.

Nganyam samak neukteukan bari motongan Néang anak ngadeukeutan popotongan.

Ngarah ngarinah Ngarugikeun batur ku jalan ngabobodo, nipu, jsté.

Ngarah sahuap-sakopeun Usaha leuleutikan, néangan rejeki saharitaeun.

Ngaraja déwék Maréntah nagara nurutkeun kahayang sorangan.

Ngarangkay koja Robah adat, tina hadé kana goréng, ngan henteu ngadadak, tapi lila.

Ngarawu ku siku Hayang loba panghasilan ku rupa-rupa usaha nu tungtungna teu kaurus, sabalikna tina karawu kapangku.

Ngareuntaskeun (ngarangkaskeun) dungus Kalaksanakeun ngawin kabogoh ti keur ngora dina umur pakokolot.

Ngarujak sentul Nu keur paguneman paharé-haré, batur ka kidul ieu ka kalér.

Ngawur kasintu nyieuhkeun hayam Méré mawéh ka deungeun-deungeun ari ka baraya jolédar.

Ngawurkeun wijén ka keusik Pagawéan nu mubadir.

Ngéplék jawér ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri Kecing, borangan, éléhan.

Ngebutkeun totopong Ngetrukkeun élmu pangabisa.

Ngeduk cikur kudu mihatur, nyokél jahé kudu micarék, ngagégél kudu béwara Kudu ménta idin heula ka nu bogana.

Ngégél curuk (Basa Sunda kamalayon tina menggigit jari) Teu beubeunangan, teu hasil.

Ngembang awi Ngeumbreuk, teu laku dagangan (asal tina eumbreuk).

Ngembang bako Bosongot (asal tina bosongot).

Ngembang bolang Ancal-ancalan kénéh, tacan ceuyah bubuahan (asal tina ancal).

Ngembang boléd Tétéla (asala tina katéla).

Ngembang cau Jantungeun (asal tina jantung).

Ngembang céngék Méncéngés, nenggang ti nu séjén, nu geulis (asal tina péncéngés).

Ngembang génjér Gélényé (asal tina gélényé).

Ngembang Jaat Jalingeur (asal tina jalingeur).

Ngembang jambé Kumayangyang (asal tina mayang).

Ngembang jambu Lumenyap (asal tina lenyap).

Ngembang jéngkol Merekenyenyeng (asal tina merekenyenyen).

Ngembang kadu Olohok (asal tina olohok).

Ngembang kaso Curiwis (asal tina curiwis).

Ngembang laja Jamotrot (asal tina jamotrot).

Ngembang lopang Nyacas (asal tina cacas).

Ngembang paré Baringsang (asal tina ringsang).

Ngembang tiwu Ngabadaus (asal tina badaus).

Ngembang waluh Aléwoh (asal tina aléwoh).

Ngembang wéra Beureum beungeut lantaran ambek atawa éra (asal tina wéra).

Ngembat-ngembat nyatang pinang Kacida panjangna, iring-iringan, aleutan.

Ngepung méja Dariuk sakurilingeun méja, rék dalahar

Ngeunah angen ngeunah angeun Senang haté (taya kasusah) jeung ngeunah barangdahar.

Ngeunah Éon teu ngeunah Éhé Hayang ngeunah sorangan baé, teu ngingetkeun kaperluan batur, teu adil lantaran nu sapihak pinter kodék.

Ngeunah nyandang ngeunah nyanding Hirup senang lantaran cukup paké jeung nyandingkeun pamajikan nu satia.

Ngeundeuk-ngeundeuk geusan eunteup Néangan akal pikeun nyilakakeun dunungan.

Ngeupeul ngahuapan manéh Méré naséhat atawa nyieun aturan kalawan maksud nguntungkeun sorangan.

Ngindung ka waktu, ngabapa ka mangsa Nyurupkeun kalakuan kana kaayaan jaman.

Ngijing sila béngkok sembah Teu satia ka dunungan.

Ngimpi gé diangir mandi Palias, bararaid teuing, kacida teu panujuna, teu (tarima) meueus-meueus acan.

Ngingu (ngukut) kuda kuru, ari geus lintuh (gedé) nyépak Miara atawa ngaméménan jalma walurat, ari geus senang jadi cucungah.

Nginjeum sirit ka nu kawin Nginjeum barang (parabot) anu keur dipaké ku bu bogana, jeung ngan sakitu-kituna.

Ngodok liang buntu Geus hésé capé, ari pék téh teu hasil sabab aya nu ngahalangan.

Ngomong(na) sabedug sakali Arang ngomong.

Ngorbankeun jiwa jeung raga Ngorbankeun sagala rupa nu dipibanda, sanajan nepi ka nyawa pisan.

Ngotok ngowo Cicicng baé di imah, tara liar.

Ngudag-ngudag kalangkang heulang Ngarep-ngarep perkara anu samar kalaksanakeun.

Ngukur baju sasereg awak Hirup saeukeurna, dina papait jeung mamanis teu daék pacorok jeung batur.

Ngukur ka kujur nimbang ka awak Diluyukeun jeung kaayaan atawa pangaboga.

Ngulit bawang Ipis, henteu terus kana haté.

Ngusap birit bari indit Ninggalkeun pasamoan tanpa pamit heula.

Ngusik-ngusik ula mandi, ngobah-ngobah (ngahudangkeun) macan turu Ngagugat-gugat perkara nu geus kaliwat, sarta nu temahna matak nimbulkeun deui pacogrégan.

Nikukur Nyebut ngaran sorangan ka nu anyar pinanggih.

Nilik bari ngeusi Babanda ngumpulkeun parabot imah henteu disakalikeun, tapi ditungtut saeutik-saeutik.

Nimu luang tinu burang Meunang pangalaman lantaran cilaka heula.

Nincak parahu dua Migawé dua perkara anu upama teu bisa bener, gedé atawa aya bahlana; digawé ngarancabang (biasana tara bener hiji-hiji acan).

Ninggalkeun hayam dudutaneun Ninggalkeun pagawéan nu can anggeus.

Nini-nini dikeningan, awéwé randa dihiasan Ngararangkenan barang nu geus butut, najan dirias dihadé-hadé ogé angger baé teu katénjo alus.

Nini-nini leungit sapeuting, tai maung huisan katuding pédah aya patalina jeung kajadian nu jadi perkara.

Nista, maja, utama Sakali keun baé, dua kali dihampura kénéh, ari katilu kali mah lain antepeun (urusan kagoréngan).

Nongtot jodo Geus aya nu ngalamar tapi bedo deui.

Noong ka kolong Leutik haté, pondok pikiran.

Nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha Nu nyieun kahadéan dibales ku kagoréngan.

Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan Nu keur susah dipupuas atawa ditambah kasusahna.

Nu burung diangklungan, nu gélo didogdogan, nu édan dikendangan Nu gedebul dihaminan supaya tambah maceuh.

Nu geulis jadi werejit, nu lenjang jadi baruang Nu geulis bisa jadi matak ngabahlakeun (ngabahayakeun) ka lalaki (salaki).

Nu titeuleum disimbeuhan Nu keur cilaka dipupuas. Ilikan ogé Nu borok dirorojok, nu siteuleum disembeuhan.

Nuju hurup ninggang wirahma Paséhat tur ngeunah laguna (nu ngaji).

Nulungan anjing kadempét (tiselap) Nulungan jelema nu taya panarimana.

Numbuk di sué Meneran keur sué sawatara kali.

Nunggul pinang Geus teu boga baraya.

Nungtut bari ngeusi Usaha ngulik élmu atawa ngumpulkeun rejeki saeutik-saeutik nepi ka aya buktina.

Nurub cupu Ngarepok, sarua alusna.

Nutup lobang ngali lobang Mayar hutang ku duit meunang nginjeum.

Nuturkeun indung suku Leumpang sakaparan-paran, henteu puguh anu dijugjug.

Nya di hurang nya dikeuyeup Boh di ménak boh di kuring, wiwirang atawa kateungeunahan haté mah sarua baé.

Nya ngagogog nya mantog/Ngagogog bari mantog 1. Manéhna nu nyieun surat, manéhna ogé nu nganteurkeun; 2. Nitah digawé ka batur bari jeung prakna ku sorangan.

Nya picung nya hulu maung Haré-haré, batur ngalér ieu ngidul (jawaban atawa caritaan dina paguneman).

Nyaah dulang Nyaah ka anak ngan ngurus dahar-pakéna, henteu nguruskeun atikanana.

Nyaeuran gunung ku taneuh, nyaeuran sagara ku uyah Méré atawa nambahan kauntungan (kakayaan) ka anu geus beunghar.

Nyaho lautanana Nyaho karesep jeung kateuresepna.

Nyair hurang meunang kancra Kabeneran meunang untung gedé ku usaha leuleutikan.

Nyakrawati bahu denda Maréntah, ngaheuyeuk nagara.

Nyaliksik ka buuk leutik Barangpénta atawa ngarah kauntungan ku rupa-rupa jalan ti rayat (dilakukeun ku pamimpin atawa kapala nu kadedemes).

Nyalindung di caangna Ngahaja meres rayat (bawahan) supaya meunang kauntungan nu leuwih gedé, ku jalan ngajual ngaran pamaréntah, pangagung, atawa dunungan.

Nyalindung ka gelung Lalaki nu cicing, ari awéwé digawé. Atawa lalaki teu boga, boga mapajikan ka nu beunghar.

Nyandang tatali Ditalian atawa dibarogol lantaran boga dosa.

Nyanggakeun beuheung teukteukeun, tikoro gorokeun, suku genténg belokeun Masrahkeun manéh pikeun dihukum lantaran rumasa boga dosa.

Nyanggakeun buukna salambar, getihna satétés Pokpokan lalaki nu nyérénkeun pamajikanana ka mitoha dina waktu nyerahkeun.

Nyanghulu ka jarian Ngadunungan ka jelema nu sahandapeun martabatna.

Nyaur kudu diukur, nyabda kudu diungang Omongan kudu ditimbang-timbang heula bisi nyentug kana haté batur.

Nyecepo ka nu rarémpo Ngahinakeun ka jalma anu teu boga.

Nyekel sabuk milang tatu Ngadu jajatén, gelut atawa perang.

Nyeri beuheung sosonggeteun Geus lila ngadagoan nu kuduna geus datang.

Nyeri peurih geus kapanggih, lara wirang geus kasorang Sagala dodoja hirup geus kaalaman.

Nyeungeut damar di suhunan Némbongkeun kabeungharan atawa méré mawéh ka deungeun-deungeun ngarah kapuji.

Nyeungseurikeun upih murag Nyeungseurikeun batur padahal ku manéhna bakal kasorang.

Nyiar batuk pibaraheun, nyieun piheueuh Néangan pipanyakiteun (pipaséaeun).

Nyiar teri meunang japung Meunang untung gedé ti batan nu diharepkeun.

Nyiduh ka langit Mapatahan ka saluhureun (pangpangna dina kanyaho atawa élmu).

Nyieun catur taya dapur Ngarang carita teu puguh galurna.

Nyieun piandel Ngatur carita bohong ngarah dipercaya.

Nyieun pucuk ti girang Nyieun jalan pipaséaeun.

Nyiruan teu resepeun nyeuseup nu pait-pait Kalumrahanana jelema mah teu resepeun cacampuran jeung nu miskin.

Nyiuk cai ku ayakan Migawé (kalakuan) nu moal aya hasilna.

Nyium bari ngégél Muji bari ngarepkeun dibéré.

Nyokot lésot ngeumbing porot Sagala rupa ihtiar atawa tarékah teu hasil.

Nyolok mata buncelik Ngalampahkeun naon-naon di hareupeun hiji jalma, kalayan maksud nganyenyeri kana haté éta jelema.

Nyolong badé Siga bageur tapi jahat.

Nyoo gado Ngunghak, ngaheureuykeun.

Nyukcruk leuwi malar cai, nyiar seuneu kundang damar Nyusul-nyusul pituduh batur nu jauh gara-gara teu waspada kanu nyampak di pribadina.


Sumber: PEPERENIAN URANG SUNDA; (Rachmat Taufiq Hidayat, Drs. Dingding Haérudin, M.Pd., Drs. Teddy A.N. Muhtadin Darpan, S.Pd., Ali Sastramidjaja); KIBLAT 2000-2005