• rss

Babasan jeung Paribasa | U

arsip kula|Selasa, 10 September 2013|01.00
fb tweet g+
Ubar puruluk Omongan pikeun nengtremkeun pikir sakadarna, ulah ngarasula.

Ukur pulang modal Henteu untung henteu rugi, balik jinis.

Ulah andelan ulah pidelan Ulah percayaan teuing, tapi ulah teu percaya teuing.

Ulah cara ka kembang malati, kudu cara ka picung Ulah babari bosen, kudu mayeng kayaah, kudu mimitina asih beuki lila beuki asih.

Ulah ieu aing uyah kidul Ulah asa aing pangpunjulna.

Ulah incah balilahan Entong pindah tempat.

Ulah nyeungseurikeun upih ragrag Ulah ngageuhgeuykeun (kolot) nu ku urang sorangan bakal kasorang (kaalaman)

Ulah sambat kaniaya Ulah majar manéh dikaniaya, da bongan boga dosa.

Ulah tiis tiis jahé Ulah senang-senang atawa cicing-cicing baé saméméh sasadiaan pikeun ngalaksanakeun perkara nu disanghareupan.

Umur gagaduhan, banda sasampiran Boh umur boh harta banda teu ngaboga-boga, sabab dina hakékatna mah sadayana ogé kagungan Allah.

Uncal kaauban surak Ngadéngé béja tacan sidik tuluy diandel enya baé.

Uncal tara ridueun ku tanduk Élmu moal matak ridu mamawa.

Undur kadeuleu punduk, datang kadeuleu tarang Henteu ngaléos kitu baé, bébéja heula, basa rék indit saperti basa datang.

Unggah adat jelema anu robah pangadatan (pamaké) atawa kalakuan, ku sabab ngarasa yén darajat dirina geus ningkat.

Urang curug ngebul Jalma dusun ti nu jauh pisan ti kota.

Urang kampung bau lisung, cacah rucah atah warah Jelema dusun.

Uteuk tongo dina tarang batur katénjo (kanyahoan), ari gajah depa dina pundak teu karasa kagoréngan batur sanajan saeutik kanyahoan, ari cacad awak sorangan masing gedé ogé teu karasa.

Uteuk tongo walang taga barang-barang atawa sasatoan anu panglaleutikna

Uyah tara téés kaluhur Sipat anak sok ngala ka indung-bapana.


Sumber: PEPERENIAN URANG SUNDA; (Rachmat Taufiq Hidayat, Drs. Dingding Haérudin, M.Pd., Drs. Teddy A.N. Muhtadin Darpan, S.Pd., Ali Sastramidjaja); KIBLAT 2000-2005