ilustrasi: Mangle
Bagong-bagong sanggeus meunang béja yén anjing rék ditulungan ku jelama, maranéhna gancang baé ménta tulung ka oray, ka kalajengking jeung babakaur, sarta kabéh saungseureudan, odéng, éngang, sarisit jeung sabangsana. Oray jangji bakal nulungan lamun jelema ngaliwat kana liangna. Kitu deui langgir katut babakaur rék ngaganggu ka jelema, lamun aya nu ngaliwat kana liangna. Ari odéng, éngang, sarisit saranggupna rék nyeureud ka jelema téh, nya éta lamun maranéhna kadupak ku jelema.
Sanggeus asak badamina, gancang baé bagong jeung batur-baturna ngarasah sihung jeung ngabiasakeun lumpat tarik sangkan ulah bisa kaberik ku anjing, ulah kaudag ku jelema. Anjing-anjing kitu deui, ngasah sihung paseukeut-seukeut, sarta dialajar lumpat patarik-tarik supaya bisa ngudag bagong nu geus biasa lalumpatan di pileuweungan.
Jelama mah puguh deui, da ngaranna gé umat nu pangpunjulna di dunya, kacida taki-takina, ulah nepi ka éléh jajatén ku sato. Pakarangna geus sadia rupa-rupa, kayaning tumbak, gobang, sumpit, katut bandring geus samakta.
Ku jelema geus ditangtukeun waktuna anu hadé cék ahli palintangan, keur ngarurug bagong téa. Kabéh anjing geus dibéjaan, yén lamun geus ditongtongan ku jelelma, subuh-subuh kudu kumpul di buruan imah kokolot.
Barang geus cunduk ka waktu datang ka mangsa, subuh-subuh sakur lalaki anu sawawa geus ngagimbung pada marawa pakarang. Pirang-pirang anjing geus kumpul. Gancang bring indit kabéh ka nu bala. Jelema ger surak kabéeh bari ngahucuhkeun anjing. Bagong-bagong kacida reuwasna, lolobana tuluy lumpat, geus teu inget kana jangji jeung batur, supaya hirup baé. Sawaréh keuna ku sumpit, aya nu keuna ku panah. Bagong lumpat aya kaberik ku anjing tuluy direweg, nepi ka teu bisa polah.
Bagong-bagong nu salamet, nu mubus ka leuweung séjén jangji jeung pada baturna, baris ngaganggu kana pepelakan jelema, sarta baris teus ngamusuh ka anjing. Tah sakitu sasakalana nu matak anjing resepeun pisan diajak moro bagong tug tepi ka kiwari.*** (Sumber: Adika Naradipa F/Galura)