ilustrasi: Mangle
Dina hiji poé, nalika keur néangan hakaneun teu kanyahoan aya ajag nyampeurkeun rék ngerekeb hayam jeung heulang. Heulang gancang luncat terus hiber. Tapi hayam najan lumpat ge da teu bisa hiber diudag-udag terus.
Nempo kitu, heulang buru-buru ngabantuan sobatna nyakaran ajag ku kuku-kukuna. Nepikeun ka awak ajag téh garetihan. Hayam nyumput dina guha da ari geus garetihan mah ajag téh teu ngudag deui. Lila-lila mah ajag terus mulang ka baturna.
“Kaluar sobat, da ajag téh geus kabur,” ceuk heulang ka sobatna.
“Nuhun pisan heulang geus mantuan kuring,” ceuk hayam.
Ti harita hayam jago jadi borangan jeung resep nyorangan. Hayam karék sadar yén heulang boga pangabisa anu punjul ti manéhna. Heulang bisa ngapung.
“Euh ngeunah pisan euy lamun bisa ngapung,” gerentes hayam dina haténa.
Mang poé-poé hayam mikiran heulang anu bisa ngapung, basa manéhna rék dikerewek ku ajag. Keur kitu teu kanyahoan heulang datang tina tatangkalan saluhureun tempat cicing hayam jago.
“Ku naon sobat, sigana anjeun keur boga kabaluweng atawa gering?”
“Henteu, teu kunanaon tapi kuring rék nanya ka anjeun, ku naon anjeun bet bisa ngapung luhur, ari kuring teu bisa luncat-luncat acan?”
“Baheula kuring gé teu bisa ngapung, tapi sanggeus kuring ngaputan kadua jangjang kuring ku jarum emas kuring jadi bisa ngapung jeung harampang.”
“Atuh lamun kitu mah kuring nginjeum jarum emas téa téh rék dipaké ngaputan jangjang anu kuring.”
“Teu nanaon, asal anu dikaputna dua jangjang anjeun améh hampang. Ngan omat ulah incah balilahan jeung ulah diinjeumkeun ka nulian!”
Heulang mikeun jarum emas ka hayam jago. Atuh hayam jago téh ajrag-ajragan ngarasa gumbira. Teu talangkée hayam jago ngaputan jangjangna, tapi hayam jago teu sabaran, can gé réngsé ngaputna, hayam jago geus ngéplék-ngéplékeun jangjangna terus luncat kana luhur pager.
“Asik uing bisa ngapung asik bisa ngapung.”
Keur kitu teu kanyahoan aya hayam bikang nempoeun kalakuan hayam jago téa.
“Héy jago ku naon manéh bisa luncat kana pager jeung bisa ngapung deiuh?”
“Jangjang kuring téh dikaputan ku ieu jarum emas.”
“Cing atuh jago kuring nginjeum da kuring gé hayang bisa ngapung kawas anjeun.”
“Nya ieuh tapi mun geus bisa ngapung kudu luncat ka gigireun kuring.”
Hayam bikang buru-buru ngaputan jangjangna. Can gé anggeus, hayam bikang geus luncat ka gigireun hayam jago. Hayam bikang keketok mani daria. Kitu deui hayam jago kongkorongok bari adigung.
“Mana jarum emas tadi? Hayam jago inget ka jarum emas.”
“Eh tadi diteundeun dina taneuh,” ceuk hayam bikang.
Hayam téh luncat ka handap néangan jarum emas. Hayam téh duanana bari cacakar néangan jarum emas téa. Kokoréh ka unggal tempat. Tapi maranéhna teu manggihan emas nu ditéangan téa.
Hiji poé, heulang dating rék nagih jarum emas téa.
“Wah isuk kénéh geus kokoréh, geus bisa ngapung acan?” ceuk heulang.
“Ah kuring mah ngan bisa luncat saluhur pager, ngan da nya éta jarumna kaburu leungit. Kuring néangan bari kokoréh angger teu kapanggih.”
Heulang reuwas ngadéngé laporan hayam téh. Heulang ambek kacida.
“Anjeun geus ingkar janji pajar moal incah balilahan jeung moal nginjeumkeun jarum emas téa. Kula haroréam sosobatan jeung anjeun,” heulang hiber.
Nya ti danget harita hayam sok risi mun inget kana amarahna heulang. Mun ningali heulang nu ngalayang di luhureunana, hayam téh sok taki-taki najan kapeungna mah sok nyamber anakna.
Tah éta nu jadi sabab hayam sok kokoréh jeung cacakar kana taneuh éta téh néangan jarum emas. Salila jarum emas can kapanggih heulang jangji bakal nyamberan anak hayam.*** (Galura)