(ilustrasi: Mangle) |
Dina hiji poé, Nyi Randa téh meunang ondangan ti tatanggana anu rék ngawinkeun anakna. Teu poho Nyi Randa rék ngajak anakna ka ondangan téh, bari susuganan aya nu naksir ka anakna.
Ti anggangna kénéh éta Nyi Randa jeung anakna geus nyetél-nyetél pakéan nu rék dipaké ka ondangan téa. Samping disetélkeun jeung kabaya, jeung selopna, jeung kantongna, jeung karémbongna. Malah buukna nu galing muntang gé geus dipapantes rék digelungciwideykeun. Barang geus sagala rupana disetél-setél, katangén yén manéhna teu boga cucuk gelung. Dina pikirna mun manéhna boda cucuk gelung anu tingcarelak kawas béntang, kaondangan téh pasti bakal jadi nu panggindingna jeung panggeulisna.
Peutingna piisukeun ka ondangan Nyi Sartika teu bisa saré bakat ku terus mikiran hayang boda cucuk gelung anu tingkaretip kawas aya béntangan. Manéhna ngalangeu dina jandela anu ngahaja dibuka supaya bisa neuteup béntang anu tingkaretip di awang-awang. Teu kanyahoan timana jolna da Nyi Sartika siga nu kasaréan bet aya nu ngaharewos. “Nyai, tong salempang, kahayang Nyai ku Eyang dicumponan, tuh dina cucuk gelung Nyai tos ditapelkeun béntang nu dicita-cita téh. Pék geura paké ngan omat ulah deuk dipaké sombong asa aing panggeulisna, asa aing uyah kidul”. Kitu pok-pokanana sora harewos gaib téh. Nyi Sartika ngarénjag reuwas, hudang tina lamunanana bari tuluy lumpat nempo kana tempat nyimpen cucuk gelung téa. Enya baé cucuk gelung téh geus ditaretes ku béntang raranggeuyan tingkaretip ku béntang anu panggedéena di tengah-tengah gelung. Nyi Sartika pohara atohna, hayang geura beurang hayang geura maké, hayang geura ka ondangan.
Isukna, geus meunang dangdan, Nyi Sartika indit ka ondangan diiringakeun ku indungna. Sajajalan. Loba pisan jalma anu nanya bari muji kana kageulisan Nyi Sartika. Geus puguh ari lalaki mah. Awéwé oge maruji sataker kebek, cenah Nyi Sartika geulis pisan. Beuki deukeut ka ondagnan, Nyi Sartika mimiti kagoda, poho kana amanat anu méré béntang dina cucuk gelung. Nyi Sartika jadi asa kapuji, jadi sombong asa aing panggeulisna. Lantaran Nyi Sartika jadi unggah adat, éta nu méré béntang téh jadi ngéwaeun kana kalakuan Nyi Sartika nu jadi sombong, misahkeun manéh embung campur jeung babaturanana.
Barang Nyi Sartika jeung indungna nepi ka tempat pangantén, tembong Nyi Sartka asa kaleuleuwihi lunggak-linggekna jiga nu ngahaja sangkan gelungna tembong guguripan. Bakat ku leuwih teuing tingkahna jeung gonjlengna, Nyi Sartika teu sadar yén beuki lila éta gelung téh beuki kendor. Tungtungna éta gelung jeung cucuk gelung lesot ngagubrag ka handap bari kasaksian ku umum. Nyi Sartika pohara éraeunana ningal sanggul jeung cucuk gelung murag. Manéhna ngajerit maratan langit nempo gelungna murag bari béntang-béntang anu naretes ucuk gelung bubuk mancawura kamana-mana. Lebah dieu aya kajadian anu aheng pisan. Waktu Nyi Sartika kapiuhan lantara éra, éta bubuk béntang anu mancawura ranyay tingkaretip téh bet ngarapung tingkalayang minuhan balandongan nepi ka buruan nu boga hajat jiga néangan eunteupaneun. Nya ti harita ayana cika-cika anu tingkaretip ngalayang peuting-peuting. Eta nu jadi cika-cika téh bubuk béntang nu keur néangan eunteupaneun, gelung budak awéwé nu geulis ka haté-haténa. (Helins/Dongéng Aki Guru/ Manglé No. 2277)***