• rss

Babasan jeung Paribasa | L

arsip kula|Kamis, 25 Juli 2013|00.30
fb tweet g+
Labuh diuk, tiba neundeut Sarua salahna atawa sarua cilakana.

Ladang késang Rejeki ti Allah lantaran usaha sorangan.

Laér gado Sok kabitaan ku kadaharan nu aya di batur.

Lain lantung tambuh laku, lain lentang tanpa seja (béja) Lain indit-inditan teu puguh nu dimaksud, tapi aya picaritaeun nu penting; indit bari mawa tujuan anu pasti.

Lain palid ku cikiih, lain datang ku cileuncang Lain jalma andar-andar, tapi datang ku sabab boga tujuan anu tangtu.

Lalaki kembang kamangi Lalaki nu teu bisa nyukupan kebatuhan rumah tangga.

Lalaki langit lalanang jagat Lalaki anu kasép sarta gagah perkasa.

Lali (poho) ka purwadaksina Jelema anu poho ka asal cara anu linglung, lantaran pangkat luhur atawa kabeungharan nu teu wajar.

Lali rabi, tegang pati Poho ka pamajikan jeung téga kana nyawa pikeun ngabélaan nagara jeung bangsa.

Lanca-linci luncat mulang Jalir janji, udar subaya.

Landung kandungan laér aisan Gedé timbanganana, asak hampura.

Langkung saur bahé carék Nyarita nu matak nyentug atawa anu matak nyeri kana haté batur.

Lantip budi Gancang ngarti kana maksud atawa kahayang batur sanajan henteu diucapkeun.

Lasminingrat Nu panggeulisna di sakuliah dunya.

Lauk buruk milu mijah, piritan milu endogan Pipilueun nyarita atawa ilubiung kana sarupaning urusan.

Légég lebé budi santri, ari lampah euwah-euwah Jalma jahat bisa nipu ku tindak-tanduk nu sopan.

Léléngkah halu (Budak) diajar leumpang, saléngkah-saléngkah.

Léngkah kapiceun Indit-inditan bari aya nu dimaksud tapi teu hasil, henteu beubeunangan.

Léntah darat Jelema nu sok nginjeumkeun duit maké rénten gedé.

Lésang kuras henteu bisa nyekel duit, sok béak baé.

Létah leuwih seukeut manan pedang Raheut haté ku omongan leuwih peurih karasana tibatan raheut biasa.

Legok tapak genténg kadék Loba kanyaho, loba luang pangalamanana.

Leleyep asu Acan saré enya.

Lembur matuh panglayungan, banjar karang pamidangan, nagara ancik-ancikan Lembur tempat matuh atawa cicing.

Lembur singkur, mandala singkah Tempat anu nyumput sarta jauh.

Lengkéh légé Jelema buheukeu, euweuh cangkéngan bawaning ku lintuh.

Leubeut buah héjo daun Keur meujeuhna lubak-libuk, euweuh kakurangan.

Leuleus awak Gampang dititah.

Leuleus jeujeur liat tali Gedé timbangan, sabar darana, henteu getas harupateun.

Leuleus kéjo poéna Mimitina bengis, tapi beuki lila beuki hadé.

Leumpang sakaparan-paran Teu puguh nu dijugjug.

Leumpeuh yuni Babari kapangaruhan, tara (teu) kuat nahan gogoda.

Leunggeuh cau beuleum Méméh hiji pagawéan anggeus, geus gap deui kana pagawéan séjén.

Leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana Leungit euweuh urutna jeung teu puguh sababna, teu matak kaharti.

Leutik burih Borangan.

Leutik pucus Euweuh kawani.

Leutik ringkang gedé bugang Sipat jalma, upamana maot loba uruseunana, sumawonna mun nepi ka ajal di panyabaan.

Leuitk-leutik cabé rawit Leutik waruga tapi wanian, loba kabisa.

Leuweung gonggong simagonggong, leuweung sisumenem jati Leuweung geueuman pikakeueungeun.

Leuwi jero beunang diteuleuman, haté jelema najan déét teu kakobét Pikiran jelema mah hésé dikira kirana, boh hadéna, boh goréngna.

Lieuk euweuh ragap taya Teu boga naon-naon, malarat, taya kaboga.

Lindeuk japati Siga lindeuk tapi lingas (babandingan lindeuk piteuk).

Lindeuk piteuk Siga lindeuk tapi lingas (babandingan lindeuk japati).

Lir cai jeung minyak Teu bisa ngahiji.

Lir macan teu nangan Leumpang nu ngalénghoy atawa ngalanggéor (awéwé).

Lir nu ngababad pacing Tumerap ka nu ngéléhkeun pirang-pirang musuh ku pedang.

Loba catur tanpa bukur Kalah ka omong, buktina euweuh.

Loba teuing jaksa Loba teuing nu méré tinimbangan atawa naséhat.

Lodong kosong ngelentrung Jelema bodo nu loba omong, boga laga nurutan nu pinter.

Lolondokan Bisa nyaluyukeun diri jeung kaayaan lingkungan atawa jeung kahayang jaman.

Luhur kokopan Gumedé.

Luhur kuta gedé dunya Beunghar sarta gedé pangaruh.

Luhur pamakanan (kokopan) Gumedé.

luhur tincak Kalakuanana sok nurutan nu luhur (pangkatna) atawa nu beunghar.

Luncat mulang Omonganana teu puguh dicekel, teu bisa dipercaya.

Lungguh tutut bodo kéong, sawah sakotak kaider kabéh Siga lungguh katénjona, padahal bangor.


Sumber: PEPERENIAN URANG SUNDA; (Rachmat Taufiq Hidayat, Drs. Dingding Haérudin, M.Pd., Drs. Teddy A.N. Muhtadin Darpan, S.Pd., Ali Sastramidjaja); KIBLAT 2000-2005