Jabung tumalapung, sabda tumapalang Milu nyarita bari ngarumasakeun taya kabisa, tapi alatan kapaksa.
Jadi cikal bugang Pangheulana kasambut di pangperangan.
Jadi kembang carita Loba nu nyaritakeun.
Jadi kulit jadi daging Jadi kabiasaan nu hésé dipiceunna.
Jadi maung malang Jelema anu dianggap jadi panghalang (lalaki ka awéwé tepi ka hésé meunang jodo).
Jadi sabiwir hiji Geus jadi caritaan jelema réa, pada muji kahadéanana.
Jadi sendén kalémékan Jadi kembang carita.
Jadi senén kalémékan Ahad kacapangan Jadi kembang carita.
Jajar pasar Sedeng atawa meujuehna (kana rupa).
Jalma notorogan Jalma nu boga laku-lampah teu pantes, pikacuaeun.
Jaman bedil sundut Jaman baheula.
Jaman cacing dua saduit Jaman baheula pisan.
Jaman tai kotok dilebuan Jaman baheula.
Jampana bugang Pasaran, wadah paranti ngogotong mayit ka kuburan.
Jampé pamaké Rupa-rupa jampé jeung tingkah laku pikeun ngahasilkeun maksud.
Jampé pipahokan Jampé atawa ajian nu maksudna supaya masuh teu nénjoeun ka urang kawas lolong.
Janget kinatelon Turunan hadé ti indung-bapa.
Jantungeun Kawas anu kasima.
Jati kasilih ku junti Pribumi kaéhékeun ku sémah.
Jauh ka bedug, anggang ka dulag (dayeuh) Dusun henteu nyaho di adat, dusun pisan.
Jauh tanah ka langit Mikahayang nu pamohalan kalaksanakeun, kacida pisan bédana.
Jauh dijugjug anggang ditéang Jauh-jauh ogé didatangan baé.
Jauh jauh panjang gagang Hanas jauh jauh ogé dijugjug ari pék teu hasil maksud.
Jawadah tutung biritna, sacarana sacarana Masyarakat di saban tempat boda tata cara séwang-séwangan.
Jejeg (jegjeg) cékér Capé balas leumpang ka ditu ka dieu.
Jelema bulung tunggal Jelema bodas pisan.
Jelema masagi (pasagi) Jelema nu loba kabisana jeung loba kabogana (teu aya kakuranganana)
Jelema pasésaan Jelema nu kungsi gélo.
Jeneng méméh pangkat Loba kahayang nu teu saimbang jeung kaayaan dirina.
Jéngkol mah aya usumna Pikeun nyindiran nu loba ékol.
Jiga tunggul kahuru Goréng patut.
Jodo pakokolot Kalaksanakeun ngawin kabogoh ti keur ngora dina umur pakokolot. Tingali ogé Ngareuntaskeun (ngarangkaskeun) dungus.
Jogjog neureuy buah loa Mikahayang perkara anu moal kasorang.
Jojodog unggah ka salu Urut badéga jadi pamajikan dunungan.
Jongjon bontos Junun kana gawé, tara kabéngbat ku naon-naon.
Jual dedet Ngajual barang setengah maksa.
Sumber: PEPERENIAN URANG SUNDA; (Rachmat Taufiq Hidayat, Drs. Dingding Haérudin, M.Pd., Drs. Teddy A.N. Muhtadin Darpan, S.Pd., Ali Sastramidjaja); KIBLAT 2000-2005
Babasan jeung Paribasa | J
pepep [saukur dogdong pangrewong]
neundeun
judul : Babasan jeung Paribasa | J
url : http://archive69blog.blogspot.com/2013/07/babasan-jeung-paribasa-j.html?m=0
neundeun
judul : Babasan jeung Paribasa | J
url : http://archive69blog.blogspot.com/2013/07/babasan-jeung-paribasa-j.html?m=0