Babasan jeung Paribasa | H

Hadé gogog hadé tagog Hadé basa jeung hadé tata jeung hadé paripolah

Hadé ku omong goréng ku omong Sagala rupa perkara bisa disebut hadé atawa goréng lantaran omonganana.

Hadé lambé (lalambé) Alus omong tapi teu terus ka haté

Hadé repok Alus nasibna dina laki-rabi, loba rejeki, jsté.

Halodo sataun lantis ku hujan sapoé Kahadéan nu geus sakitu lilana, leungit ku ngalampahkeun kagoréngan sakali.

Hambur bacot murah congcot Babari nyarékan, tapi béréhan.

Hampang birit Daékan, sabalikna beurat birit.

Hampang leungeun Gampang neunggeul.

Handap lanyap Hadé basa, puguh entep-seureuhna, tapi nu saenyana mah ngunghak atawa ngahina; hormat tapi matak nyentug kana haté.

Handap asor Daék ngahormat ka batur.

Hantang hantung gantigong hantriweli Kalah ka hadé rupa hadé tagog, tapi tanya araheunana.

Haok Hamprong Beuki hahaok.

Hapa héman Taya panarima, taya pamales budi ka nu geus nyieun kahadéan. Bandingkeun jeung Nu asih dipulang sengit.

Hapa hui/kapahui Teu jamuga

Hapa hapa ogé ranggeuyan Sanajan teu boga harta banda leuheung kénéh sabab boga salaki.

Haréwos bojong Omongan anu diharéwoskeun, tapi kadéngé ku nu deukeut ka nu diharéwosan.

Harelung jangkung Kacida jangkungna.

Harigu manukeun Dada jelema nu nonjol ka hareup.

Haripeut ku teuteureuyeun Totorosol pisan kana urusan pirejekieun.

Harus omong batan goong Béja mah sok babari pisan sumebar.

Haseum budi Leuwih mindeng baeud jeung camberut dibatan seuri.

Haseum kawas cuka bibit Kuraweud haseum, teu méré budi pisan.

Hatur tangis Ngabéjakeun kanyeri ati.

Hawara biwir Resep ngabéjakeun perkara anu tacan tangtu bakal dilaksanakeun atawa hal anu lila kénéh kana waktu dilaksanakeunana.

Hayang leuwih jadi léwéh Hayang untung kalah rugi.

Hayang untung jadi (kalah) buntung Tinimbang untung kalah rugi.

Hayang utah iga Ngarasa kacida sebelna.

Héjo cokor badag sambel Dusun pisan.

Héjo tihang Resep pipindahan, gunta-ganti pagawéan.

Hérang caina beunang laukna Anu dipikahayang laksana ku jalan badami tur henteu kalawan nganyenyeri haté batur.

Hérang hérang kari mata, teuas teuas kari bincurang Asal beunghar jadi miskin, bandana teu ngari saeutik-eutik acan.

Hésé capé teu kapaké Hanas ceuk rarasaan mah digawé soson-soson, ari hég dianggap salah ku dunungan atawa hasilna mubadir.

Henteu asa jeung jiga Geus loma pisan.

Henteu cai hérang-hérang acan Teu disuguhan naon-naon (teu cai-cai acan).

Henteu gedag bulu salambar Henteu sieun atawa henteu gimir saeutik-eutik acan.

Henteu jingjing henteu bawa Henteu mawa naon-naon keur oléh-oléh ka nu dijugjug.

Heunteu unggul kalinduan henteu gedang kaanginan Henteu kapangaruhan ku ruruba (rupa-rupa panggoda), pageuh nyekel tangtungan sorangan.

Heueuh heueuh bueuk Ongkoh nyaluyuan (nyebut heueuh), tapi henteu terus kana haténa.

Heunceut ucingeun Babari reuneuh

Heuras genggerong Caritaanana sugal jeung garihal, teu bisa ngangeunahkeun haté batur ku omongan.

Heuras létah Omonganana matak nyugak atawa teu ngeunaheun batur.

Heureut pakeun pungsat bahan Teu réa ka boga, saeutik panghasilan.

Heurin ku létah Teu bisa nyaritakeun perkara kasalahan batur, lantaran bisi aya matakna ka ditu ka dieu.

Hideung ngabangbara Hideung meles sarta hérang.

Hideung-hideung ogé buah manggu, matak tigurawil bajing Nyolong badé; sanajan luarna (cangkangna) henteu piukabitaeun, jerona (eusina) mah matak deudeuieun.

Hileud peuteuy Jelema anu ngahalangan pakarepan batur.

Hirup disuhun, paéh dirampés Tumamprak pasrah kana kersa Nu Maha Kawasa, lantaran geus béak déngkak, upama nu gering geus lila teu cageur baé.

Hirup katungkul ku pati, paéh teu nyaho di mangsa Hirup di dunya téh bakal ditungtungan ku maot anu datangna teu bisa dipastikeun ti anggalna.

Hirup ku ibun, gedé ku ku poé Hirup balangsak, sasat euweuhnu ngurus, hirup kalantar.

Hirup ku panyukup gedé ku paméré jelema anu hirupna ukur ngandelkeun paméré batur.

Hirup ngabangbara Jelema anu tempat matuhna keur leutik téh teu tumaninah, tapi ari sakalieun barangpaké mani kacida gindingna.

Hirup ramijud Hirup teu ngaleunjeur lantaran bumbuk di sué (taya kamarasan).

Hirup teu neut, paéh teu hos Terus-terusan gering ripuh, tapi teu maot.

Hirup ulah manggih tungtung, paéh ulah manggih (aya) béja Laku lampah kudu bageur supaya alus kacaritakeunana.

Huap hiji diduakeun Ngirit-ngirit sagala kaperluan sapopoé, supaya bisa nyumponan kaperluan anak atawa saha baé anu perlu dibélaan

Hudang pineuh (tineuh) Mindeng hudang tuluy ngedéng deui, lantaran teu daék saré ku ngararasakeun panyakit.

Hujan cipanon Ceurik balilihan, loba nu ceurik.

Hulu gundul dihihidan Nu keur untung tambah untung.

Hulu peutieun Jelema nu leutik sirahna henteu surup jeung awakna.

Hunyur mapandé (mandéan) gunung Nyeta-nyeta jelema anu leuwih ti manéhna (biasan dina kaboga), atawa cahah nyaruakeun manéh ka ménak.

Hurip gusti, waras abdi Jaman péodal, upama raja senang sarta mulya, rayat cageur.

Hurung nagtung siang leumpang Beunghar sarta dipaké ngaginding.

Hutang hatong Satengah heureuy, nyapirakeun kana hutang, daék bayar, henteu entong.

Hutang salaput hulu Loba pisan hutang, nepi ka samar kabayar.

Hutang uyah bayar uyah, hutang nyeri bayar nyeri Males kanyeri atawa kajahatan ku hukuman nu sarua atawa saimbang.


Sumber: PEPERENIAN URANG SUNDA; (Rachmat Taufiq Hidayat, Drs. Dingding Haérudin, M.Pd., Drs. Teddy A.N. Muhtadin Darpan, S.Pd., Ali Sastramidjaja); KIBLAT 2000-2005

Babasan jeung Paribasa | G

Galagah kacaahan Nganteur atawa ngalajur napsu kabawa ku batur.

Galak sinongnong Lalaki (bujang) nu mimiti aya sir ka awéwé,* tapi can wani adu hareupan.

Galak timburu Babari timburuan. Awéwé nyangka nyéléwér ka salaki atawa sabalikna.

Galégéh gado Soméah, akuan, atwa daréhdéh bisa nyarita, tapi teu terus kan haténa.

Gancang pincang Pagawéan anu babari anggeus, tapi hasilna heunteu nyugemakeun.

Gantung déngé Ngarasa hanjakal sabab hayang kénéh ngadéngékeun, anggeus mantén.

Gantung teureuyeun Ngaraca hanjelu sabab barangdahar can seubeuh, kapaksa dieureunkeun.

Garo maling Boléksék henteu dihaja, urut gagaro keur saré.

Garo mengmengan Euweuh kasebaran.

Garo singsat Peta awéwé anu teu sabar ngadagoan nu can datang.

Garo-garo teu ateul Gagaro lantaran bingung atawa keuheul.

Gasik nampi gancang narima Ngabagéakeun tamu (sémah) ku budi jeung basa nu hadé.

Géntél kéak Budak anu méeh tara lésot ti indungna, mun dilésotkeun sok ceurik.

Gedé cahak manan cohok Leuwih loba ngaluarkeun duit batan panghasilan.

Gedé gunung pananggeuhan adigung duméh aya andelan atawa aya nu dipuntangan.

Gedé hulu Adigung, sombong.

Gedé gedé kayu randu, dipaké pamikul bengkung, dipaké lincar sok bencar (anggang), dipaké pancir ngajedig Jelema nu taya gunana, lantaran bodo, héngkér jeung ngedul. Ilikan Mun di lembur kayu randu.

Geledug ces Ukur ramé mimitina wungkul, ka dituna mah jadi tiiseun.

Genténg-genténg ulah potong Sanajan hasilna teu sabaraha, keun baé tinibang luput.

Gereges gedébug Ngalampahkeun pagawéan teu karana dipikir panjang heula.

Gering nangtung (ngalanglayung) Henteu gering parna, tapi séhat bener ogé henteu (ngalanglayung).

Getas harupateun Babari ambek.

Geugeut manjahan Ngogo ka budak tapi ari ambek gampang nyarékan, ngan henteu nepi ka meupeuh atawa neunggeul.

Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma Awéwé anu rupana tegep, ngan dangongna dusun.

Geus apal luar jerona Geus nyaho kana kalakuan jeung tabéatna.

Geus aya dina pésak Geus nyaho pisan kana sarupaning perkara.

Geus aya kembang-kembangna geus aya hal-hal nu nimbulkeun harepan kana hasil maksud.

Geus bijil bulu mayang Geus mimiti balég (ka lalaki).

Geus cueut ka harep Geus kolot, geus liwat satengah tuwuh.

Geus cumarita Geus kawin sarta imah-imah sorangan, geus misah ti kolot.

Geus karasa (ngarasa) pait peuheurna Geus kaalaman sagala rupa nu teu ngeunahna.

Geus labuh bendéra Perkara anu geus diputus.

Geus nyanghulu ngalér Geus maot

Geus turun amis cau Geus mimiti begér (awéwé)

Gindi pikir belang bayah Goréng haté, resep nyilakakeun batur.

Ginding bangbara Resep gigindingan jeung ngarah katénjo ku batur, tapi di imah kékéréhét.

Ginding kekempis Jelema ginding tapi teu boga duit.

Giri lungsi tanpaingan (tanpa hingan) Ulah ngahina sanajan ka nu lemah atawa nu leutik.

Goong nabeuh manéh Ngagulkeun diri sorangan.

Goong saba karia Datang ka nu hajatan bari teu diondang, maksudna sangkan kaarah gawé tur seubeuh baranghakan.

Goréng peujit Goréng haté (dengki)

Goréng sopak Jalma goréng patut.

Gugon tuhon Kukuh, boh kadunungan, boh kana adat kabiasaan atawa kapercayaan.

Gulak-giluk kari tuur, hérang-hérang kari mata, teuas-teuas kari bincurang Asal beunghar jadi miskin, bandana teu ngari saeutik-eutik acan.

Gunung hapitan sela Budak awéwé nu boga lanceuk lalaki hiji jeung adi lalaki hiji (sabalikna tina sela hapitan gunung).

Gunung luhur beunang diukur, laut jero beunang dijugjugan (diteuleuman), tapi haté jalma najan déét moal kakobét Nganyahokeun eusi haté (kahayang) jelema anu dirahasiakeun mah kacida héséna.

Gunung tanpa tutugun, sagara tanpa tepi Taya wates wangenna, kacida legana, euweuh tungtungna.

Gurat batu Kukuh dina nyekel omongan atawa pamadegan, teguh tangtungan

Gurat cai Babari ngarobah omongan/jangji nu geus diucapkeun. Cidera kana jangji. Sabalikna tina gurat batu.

Guru, ratu wongatua karo Guru, raja (pamingpin), jeung kolot wajib dihormat jeung diturut paréntahna.

Guyur salelembur éar sajajagat Pohara geunjleungna.


Sumber: PEPERENIAN URANG SUNDA; (Rachmat Taufiq Hidayat, Drs. Dingding Haérudin, M.Pd., Drs. Teddy A.N. Muhtadin Darpan, S.Pd., Ali Sastramidjaja); KIBLAT 2000-2005

Babasan jeung Paribasa | E

Éléh déét Ngéléhan manéh.

Élmu ajug Jalma nu biasa mapatahan kahadéan ka batur, ari sorangan henteu bisa ngamalkeun.

Élmu angklung Jolédar atawa patukang tonggong jeung kolot.

Élmu kepek Pituduh tina buku atawa kitab anu acan diprakkeun ku sorangan.

Élmu sapi Samiuk kana kagoréngan, guyub dina hal nu kurang hadé.

Élmu tumbila Pribumi ngarugikeun sémah.

Élmu tungtut dunya siar, sukan-sukan sakadarna Hirup kudu nungtut nyiar élmu pikeun kasalametan dunya ahérat sarta kudu siger tengah.

Éok bangkong Ampir sakarat.

Éra parada Éra ku lampah atawa omongan batur, nu matak aéb.

Embung kakalangkangan Embung kaéléhkeun.

Endog mapagahan (mapatahan) hayam Budak mapatahan kolot, atawa mapagahan nu geus bisa atawa nu leuwih luhur pangartina.

Endog sapataragan tara megar kabéhDi antara dulur-dulur saindung-sabapa sok aya baé anu teu pati alus milikna.

Endog sasayang (sapataragan), peupeus hiji peupeus kabéh Mun di antara dulur-dulur aya saurang nu nyieun codéka, sok mamawa ka saréréa.

Euweuh (taya) siruaneunana Dilarapkeun ka jalma nu teu boga sipat-sipat nu hadé.


Sumber: PEPERENIAN URANG SUNDA; (Rachmat Taufiq Hidayat, Drs. Dingding Haérudin, M.Pd., Drs. Teddy A.N. Muhtadin Darpan, S.Pd., Ali Sastramidjaja); KIBLAT 2000-2005

Babasan jeung Paribasa | D

Daék macok, embung dipacok Jelema nu hayang meunang (untung) sorangan, daék ménta embung dipénta.

Dagang oncom rancatan emas Modal nu kacida gedéna, ari nu dijual jeung diarah batina teu sabaraha.

Dagang peda (pindang) ka Cirebon Dagang barang ka tempat nyieun éta barang.

Dah bawang dah kapas Jual-beuli kontan.

Dahar kawas meri Uprat-aprét jeung ngaréméh.

Daharna sakésér daun Daharna mindeng pisan.

Datang keténjo (katingali) tarang, undur katénjo (katingali) punduk Tatakrama nu amit-amitan, nembongkeun yén taya geuneuk maleukmeuk atawa sérong salingkuh.

Dédénge tara Kadéngé sawaréh atawa dédéngéan anu teu pati tétéla.

Déngdék tapi maliding sanak Pilih kasih, teu adil.

Deukeut (heureut) deuleu pondok léngkah Kurang pamandangan jeung teu bebas dina indit-inditan.

Deukeut-deukeut anak taleus Sakitu padeukeut teu nyaho yén baraya atawa aya kajadian penting di salah saurang di antara maranéhanana.

Deungeun-deungeun haseum Taya baraya sautik-eutik acan.

Di bawah tangan Teu maké saksi ti pihak nu resmi.

Diadudombakeun Diadu-adukeun.

Diadukembangkeun Dicekel pundukna tuluy diadekkeun palebah tarangna sataker tanaga.

Dialungboyongkeun Digujang-gajig, dipundah-pindah.

Dianaktérékeun Disapirakeun.

Diangeuncareuhkeun Diantep henteu didahar.

Dibabuk lalay Dibabukeun kawas lalay (musuh loba nu ngaronom urang), ngababukeun ngénca-ngatuhu.

Dibéjérbéaskeun Diecéskeun atawa dijéntrékeun pisan.

Dibéré sabuku ménta sajeungkal, dibéré sajeungkal ménta sadeupa Lantaran dibéré wani sautik, jadi beuki loba paméntana sarta nyalutak (jalma kurang ajar).

Dibeuleum seuseur Diburu-buru sina anggeus.

Dibeuteungan nyusu Dieureunan nyusu, dipesat.

Dibeuweung diutahkeun Dipikir dibulak-balik.

Dibilang peuteuy Dibilang hiji-hiji.

Didagoan ku sééng nyéngsréng Dipikabutuh ayeuna.

Didago-dago tilewu Hanas didagoan, ari pék teu datang.

Didingding kelir Dibuni-buni atawa dirusiahkeun.

Dihin pinasti anyar pinanggih Sagala nu kaalaman ayeuna saéstuna geus ditangtukeun ti heula ku Pangéran.

Dihurunsuluhkeun di(sa)kompétdaunkeun Disamarutkrun jeung nu boga dosa; nu goréng saurang, kabéh kababawa.

Dijieun hulu teu nyanggut, dijieun buntut teu ngépot Teu beunang dijeujeuhkeun, tara eucreug baé.

Dijieun lalab rumbah Disapirakeun, henteu diajénan.

Dikepung wakul buaya mangap Dikepung ku musuh anu samakta ku pakarangna.

Dikerid peuti Dibawa kabéh saeusi imah atawa kampung.

Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban Ditambang¸ditalak henteu, dinapakahan ogé henteu, dipiara tapi teu diurus dahar-pakéna.

Diperih pati turta gawé Diéré papancén nu kacida beuratna, bisa jadi kudu nemahan pati.

Dipiamis buah gintung Disangka hadé jeung batur, tapi nu saenyana mah jahat.

Dipisudi méré budi Dipiharep kalah ngambek, ngabaéudan.

Disiksik dikunyit-kunyit, dicacag diwalang-walang Dihukum pati, dihukum beurat pisan.

Disuhun dina embun-embunan Ditarimakeun pisan.

Disusul tepus Ditéangan terus, nepi ka beunang (nu boga dosa).

Ditangtang diténgténg dijieun bonténg sapasi Dianggap anéh atawa modél.

Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup di hareup sieup Kekecapan keur awéwé anu kacida geulisna, taya cawadeunana.

Ditiung méméh hujan Kudu iatna saméméh cilaka.

Ditiung sanggeus hujan Kakara iatna sanggeus karuhan cilaka, lain saméméhna nyegah picilakaeun.

Ditulis tonggong Dibokong, nu boga hadas teu dibéjakeun atawa teu dibawa mupakat heula.

Dogdong pangrewong Jalma nu mantuan pagawéan tamba lumayan, teu boga tugas nu penting.

Dogong-dogong tulak cau, geus gedé dituar batur Ngalindeukan lajang (mojang) pipamajikaneun, ari geus meujeuhna dikawin kop ku batur.

Dosa salaput hulu Dosa anu geus kacida lobana.

Dug hulu pet nyawa Usaha satékah polah méh taya eureunna.

Dug tinetek atawa dug hulu pet nyawa Digawé beurat méh taya eureunna.

Duit pait (panas)Duit nu teu meunang dipaké pikeun kaperluan pribadi, duit nagara atawa duit amanat.

Duum tinggi Babagi henteu adil, aya nu meunang loba, jeung aya nu saeutik.


Sumber: PEPERENIAN URANG SUNDA; (Rachmat Taufiq Hidayat, Drs. Dingding Haérudin, M.Pd., Drs. Teddy A.N. Muhtadin Darpan, S.Pd., Ali Sastramidjaja); KIBLAT 2000-2005

Babasan jeung Paribasa | C

Caang bulan dadamaran Migawé hal nu teu perlu deui.

Caang bulan opat welas, jalan gedé sasapuan Rido pisan.

Cacag nangkaeun Hanteu bérés atawa henteu alus lantaran mindeng katunda tuluy dihanca deui (pagawéan atawa carita).

Cacah rucah atah warah Somah nu dianggap taya ajénna sarta bodo.

Cacarakan Kakara diajar, tacan bisa bener.

Cadu mungkuk haram dempak Sumpah yén bener-bener embung, atawa moal ngalampahkeun salah sahiji perkara.

Cadu ngalantung ka lisung Henteu daék buburuh (awéwé).

Cai asa tuak bari, kéjo asa catang bobo Sagala teu ngenah lantaran keur susah atawa keur gering.

Cai di hilir mah kumaha ti girangna Ra’yat leutik sok nyonto kalakuan pamingpinna.

Campaka jadi di reuma nu geulis urang kampung/lembur lain pipanteseunana aya di pasisian.

Cangkir emas eusi delan Jelema anu omonganana alus, tapi saenyana haténa goréng.

Cara hurang ka hulu-hulu Bodo pisan.

Carang takol Jelema anu langka pisan ngomong, ari teu perlu-perlu teuing mah.

Carincing pageuh kancing, saringset pageuh iket taki-taki ngajaga kaamanan, mageuhan tulak jeung sajabana, bisi aya bancang pakéwuh.

Cécéndét mandé kiara, cileuncang (cileungcang) mandé sagara Nu miskin atawa jalma leutik hayang nyaruaan nu beunghar.

Ceplak pahang Satarabasna teuing kajeun matak nyeri haté batur.

Ceuli léntaheun Sok sadéngé-déngéna, najan lain déngékeunana, atawa resep ngadéngékeun kagoréngan batur.

Cikal bugang Cikal hirup, anu pangheulana gugur di médan Perang

Cikaracak ninggang batu, laun-laun (batuna) jadi legok Awahing ku leukeun, laun-laun jadi bisa

Cilaka dua belas Cilaka pohara.

Ciri sabumi cara sadésa Kabiasaan di unggal daérah béda-béda.

Clik putih clak hérang Rido, iklas, kalaur tina haté anu beresih.

Congo-congo ku amis, mun rék amis gé puhuna Anak-anak teu bageur, da kolot ogé henteu nyontoan.

Cucuk rungkang Perkara leutik atawa teu pira, tapi lamun diantep bisa ngaganggu kana urusan anu gedé.

Cueut ka hareup Téréh maot, geus kolot.

Cukang tara néangan nu ngising Nu hayang ditulungan sapantesna datang ku manéh kanu rék dipéntaan tulung.

Cukup belengur baraga naya Resep méré ka batur, bari teu ngingetkeun kaperluan sorangan.

Cul dogdog tinggal igel Ninggalkeun gawé baku lantaran ngalampahkeun pagawéan séjén nu teu saya hasilna.


Sumber: PEPERENIAN URANG SUNDA; (Rachmat Taufiq Hidayat, Drs. Dingding Haérudin, M.Pd., Drs. Teddy A.N. Muhtadin Darpan, S.Pd., Ali Sastramidjaja); KIBLAT 2000-2005