• rss

Babasan jeung Paribasa | G

arsip kula|Jumat, 21 Juni 2013|01.00
fb tweet g+
Galagah kacaahan Nganteur atawa ngalajur napsu kabawa ku batur.

Galak sinongnong Lalaki (bujang) nu mimiti aya sir ka awéwé,* tapi can wani adu hareupan.

Galak timburu Babari timburuan. Awéwé nyangka nyéléwér ka salaki atawa sabalikna.

Galégéh gado Soméah, akuan, atwa daréhdéh bisa nyarita, tapi teu terus kan haténa.

Gancang pincang Pagawéan anu babari anggeus, tapi hasilna heunteu nyugemakeun.

Gantung déngé Ngarasa hanjakal sabab hayang kénéh ngadéngékeun, anggeus mantén.

Gantung teureuyeun Ngaraca hanjelu sabab barangdahar can seubeuh, kapaksa dieureunkeun.

Garo maling Boléksék henteu dihaja, urut gagaro keur saré.

Garo mengmengan Euweuh kasebaran.

Garo singsat Peta awéwé anu teu sabar ngadagoan nu can datang.

Garo-garo teu ateul Gagaro lantaran bingung atawa keuheul.

Gasik nampi gancang narima Ngabagéakeun tamu (sémah) ku budi jeung basa nu hadé.

Géntél kéak Budak anu méeh tara lésot ti indungna, mun dilésotkeun sok ceurik.

Gedé cahak manan cohok Leuwih loba ngaluarkeun duit batan panghasilan.

Gedé gunung pananggeuhan adigung duméh aya andelan atawa aya nu dipuntangan.

Gedé hulu Adigung, sombong.

Gedé gedé kayu randu, dipaké pamikul bengkung, dipaké lincar sok bencar (anggang), dipaké pancir ngajedig Jelema nu taya gunana, lantaran bodo, héngkér jeung ngedul. Ilikan Mun di lembur kayu randu.

Geledug ces Ukur ramé mimitina wungkul, ka dituna mah jadi tiiseun.

Genténg-genténg ulah potong Sanajan hasilna teu sabaraha, keun baé tinibang luput.

Gereges gedébug Ngalampahkeun pagawéan teu karana dipikir panjang heula.

Gering nangtung (ngalanglayung) Henteu gering parna, tapi séhat bener ogé henteu (ngalanglayung).

Getas harupateun Babari ambek.

Geugeut manjahan Ngogo ka budak tapi ari ambek gampang nyarékan, ngan henteu nepi ka meupeuh atawa neunggeul.

Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma Awéwé anu rupana tegep, ngan dangongna dusun.

Geus apal luar jerona Geus nyaho kana kalakuan jeung tabéatna.

Geus aya dina pésak Geus nyaho pisan kana sarupaning perkara.

Geus aya kembang-kembangna geus aya hal-hal nu nimbulkeun harepan kana hasil maksud.

Geus bijil bulu mayang Geus mimiti balég (ka lalaki).

Geus cueut ka harep Geus kolot, geus liwat satengah tuwuh.

Geus cumarita Geus kawin sarta imah-imah sorangan, geus misah ti kolot.

Geus karasa (ngarasa) pait peuheurna Geus kaalaman sagala rupa nu teu ngeunahna.

Geus labuh bendéra Perkara anu geus diputus.

Geus nyanghulu ngalér Geus maot

Geus turun amis cau Geus mimiti begér (awéwé)

Gindi pikir belang bayah Goréng haté, resep nyilakakeun batur.

Ginding bangbara Resep gigindingan jeung ngarah katénjo ku batur, tapi di imah kékéréhét.

Ginding kekempis Jelema ginding tapi teu boga duit.

Giri lungsi tanpaingan (tanpa hingan) Ulah ngahina sanajan ka nu lemah atawa nu leutik.

Goong nabeuh manéh Ngagulkeun diri sorangan.

Goong saba karia Datang ka nu hajatan bari teu diondang, maksudna sangkan kaarah gawé tur seubeuh baranghakan.

Goréng peujit Goréng haté (dengki)

Goréng sopak Jalma goréng patut.

Gugon tuhon Kukuh, boh kadunungan, boh kana adat kabiasaan atawa kapercayaan.

Gulak-giluk kari tuur, hérang-hérang kari mata, teuas-teuas kari bincurang Asal beunghar jadi miskin, bandana teu ngari saeutik-eutik acan.

Gunung hapitan sela Budak awéwé nu boga lanceuk lalaki hiji jeung adi lalaki hiji (sabalikna tina sela hapitan gunung).

Gunung luhur beunang diukur, laut jero beunang dijugjugan (diteuleuman), tapi haté jalma najan déét moal kakobét Nganyahokeun eusi haté (kahayang) jelema anu dirahasiakeun mah kacida héséna.

Gunung tanpa tutugun, sagara tanpa tepi Taya wates wangenna, kacida legana, euweuh tungtungna.

Gurat batu Kukuh dina nyekel omongan atawa pamadegan, teguh tangtungan

Gurat cai Babari ngarobah omongan/jangji nu geus diucapkeun. Cidera kana jangji. Sabalikna tina gurat batu.

Guru, ratu wongatua karo Guru, raja (pamingpin), jeung kolot wajib dihormat jeung diturut paréntahna.

Guyur salelembur éar sajajagat Pohara geunjleungna.


Sumber: PEPERENIAN URANG SUNDA; (Rachmat Taufiq Hidayat, Drs. Dingding Haérudin, M.Pd., Drs. Teddy A.N. Muhtadin Darpan, S.Pd., Ali Sastramidjaja); KIBLAT 2000-2005