ilustrasi: Mangle
Si Kondang téh anak siraru nu kakara mangkat rumaja. Abong sifat budak ngora sok sagala hayang ngaho, Si Kondang gé nyakitu, gawéna ulin ngablu tara nyaho di waktu. Balik kana sayangna téh dimana geus meleték matapoé. Enya, pan siraru mah ulina téh waktu peuting, lain ti beurang. Tangtu baé indungna si Kondang melangeun pisan sok sieun kumaonam. Ma’lum atuh sanajan si Kondang geus sawawa, tapi ari dina pangalaman jeung luang mah éstu atah pisan. Nu matak mun balik ulin téh teu weléh digambreng ku indungna.
“Ulah sok jarambah teuing ulin téh, Kondang!” ceuk indungna hiji waktu.
“Atuh Ma, ngaranna gé budak ngora, kugu pangpang peungpeung, geus kolot mah pimanaeun …,” témbal si Kondang.
“Enya, tapi sing inget ka purwadaksina. Tong kéna-kéna awak belekesentreng; urang kudu ati-ati sabab loba musuh. Musuh urang paling kejem, nyaéta cakcak. Nu matak mun papanggih jeung cakcak, gancang lumpat. Montong meléng, komo maké jeung ngadeukeutan mah, kuriak diteureuy buleud!”
“Ari cakcak téh cicingna so dimana, Ma?”
“Karesepna ngadaplok di bilik atawa imah manusa. Utamana deukeut lampu listrik. Tah omat ulah wani-wani ngadeukeutan lampu!”
“Ari ema .., puguh nu pangresepna ulin mah deukuet lampu. Pan caang, bisa ningali alam dunya kalawan jelas. Jeung resep wé deuih loba batur, reungit jeung rambetuk gé ngumpulna téh di dinya. Pokona resep pisan, Ma!”
“Heueuh, ngan masing ati-ati! Sabab cakcak sok ngadodoho ti nu poék. Mun meléng, sakali capluk gé baris jadi eusi peujitna. Pokona mah sing waspada. Samalah mun bisa mah meunggeus ulah ulin deui deukeut lampu!” ceuk indungna si Kondang mapatahan.
“Magga, Ma,” témbal si Kondang jiga nu heueuh. Padahal ‘na jero haténa mah keun sia-keun sia.
“Puguh ulin pangresepna mah deukeut lampu. Ari ieu kalah di carék. Ah dasar Ema mah kuper, moal..moal.. dingenge …,” kitu gerentes haté si Kondang.
Kocapkeun peuting éta si Kondang geus geleber deui ka luar tina sayangna. Maskudna, naon deui atuh ari lain dek ulin deukeut lampu mah. Sadatangna ka tempat ulin, kasampak babaturanana keur marijah. Siliberik suka bungah. Reungit siliuber tingaréak, encan ti béh juru rambetuk sabubuhan keur ucing-ucingan. Kaayaan di sabudeureun lampu kawas di alun-alun kota beuki peuting nu arulin beuki motah, asa dikariakeun.
“Kadé, euy sing iatna aya cakcak!” ceuk gegedug reungit.
“Heueuh, euy, kudu aya spionase; bisi aya cakcak, urang kabéjaan jadi bisa lumpat,” ceuk rambetuk ngéngklokan.
“Alah …, anjeun mah bodas ceuli, nya! Ari ngarumasakeun leutik burih mah montong hayang ulin di dieu, euy! Ceuk si Kondang nambalang.
“Lain kitu, euy …, ari ati-ati mah dina perkara naon-noan gé kudu da keur kasalametan,” témbal reungit semu teu ngenah.
“Ah anjeun mah kawas indung kuring baé loba kasieun. Nu penting ayeuna mah bungah deuleu. Perkara cakcak tong dipikiran. Kari nyingcet. Jang naon atuh boga janjang ari ditarajang cakcak langsung kalegleg mah,” si Kondang molotot.
Jep saréréa jarempé.
“Montong ditembalan bisi sarua gélona” ceuk reungit ka rambetuk,” keun baé antep tong dibaturan!”
Si Kondang beuki motah. Seug komo rambetuk jeung reungit teu narémbalan mah. Manéhna beuki ujub ngarasa ieu aing uyah kidul; asa pangwanianana. Papagah indung jeung babaturanana teu dipaliré. Manéhna jongjon jogéd ngurilingan lampu listrik. Teu ningali ka sisi ka gigir, atuh basa aya cakcak ngododoho téh, batur mah buriak baé lalumpatan pabuni-buni nyumput. Ari si Kondang mah kalah beuki mijah. Da ceuk pangrasana asa pangwanianana téa. Atuh teu kudu ngadagoan memenitan, si Kondang geus pindah tempat jogédna. Manéhna adug adugan ‘na jero beuteung cakcak nu kalaparan. (Téh Sara / Galura)