Babalik pikir Ngarobah lampah goréng kana hadé.
Babanténg jurit Pamanggul jurit.
Babon kapurba ku jago Awéwé kudu nurut ka salaki.
Badak Cihéa Degig, tara nanya
Bagja kamanyangan Bagja gedé
Bahé carék Gampang nyarékan
Balabar kawat Saémbara
Balég tampélé Mojang anu keur mangkat begér, tapi éraan kénéh lamun papanggih jeung lalaki.
Bali geusan ngajadi Lembur matuh, lemah cai, tempat lahir.
Balik jarami Ngagarap sawah anu kakara anggeus dipibuatan.
Balik ngaran Maot di lembur batur.
Balung kulit kotok meuting Kanyeuri baheula teu leungit-leungit, henteu beresih pisan haténa, masih kénéh ngunek-ngunek.
Balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gedé sasapuan Rido, iklas, suka pisan.
Bancang pakéwuh Pikasusaheun, picalakaeun.
Banda sasampiran, nyawa gagaduhan Ulah boga angkeuhan yén banda jeung nyawa bisa diatur ku urang.
Banda tatalang raga leuwih hadé ngorbankeun harta, tibatan cilaka awak.
Bangkong koléntang Sagala euweuh, teu boga duit pisan.
Banténg ngamok gajah meta Kajadian atawa ririweuhan anu dipikasieun jeung dikagigis.
Banting tulang Digawé popohoan.
Bapa heman Taya panarima, taya pamales budi ka nu geus nyeiun kahadéan.
Batan kapok kalah (anggur) gawok Kalah beuki maceuh.
Batok bulu eusi madu henteu cocog jeung panénjo; siga bodo tapi pinter, siga miskin tapi beunghar jeung sajabana.
Batok kohok piring semplék Parabotan anu taya hargana.
Batu turun keusik naék Cangkang sisindiran nu hartina itu purun kuring daék, dilarapkeun ka jalma anu sarua micintana.
Batur ngalér ieu ngidul Lain-lainna deui jeung nu keur diomongkeun ku batur.
Bau-bau sinduk Baraya kénéh sanajan laér.
Béak déngkang geus beak tarékah.
Béak ka lebu-lebuna Ledis, teu nyésa saeutik-eutik acan (harta banda).
Béar budi Gumbira
Bébék ngoyor di sagara, rék nginum néangan cai Lubak-libuk tapi henteu bisa kapaké lantaran lain hakna.
Bedah bendungan Kalah wowotan ku gogoda nu pohara.
Béngkok tikoro Teu kabagian kadaharan istiméwa, lantaran teu datang atawa geus béakeun mantén.
Bengkung ngariung bongkok ngaronyok Kajeun ripuh asal teu jauh jeung anak-incu.
Bentik curuk balas nunjuk, capétang balas miwarang Kabisana ngan nitah, teu daék prak sorangan.
Bérés roés runtut raut (nu laki-rabi).
Beulah hoéan Siga hoé dibeulah, tonggong munding nu lintuh pisan.
Beungeut nyanghareup ati mungkir henteu terus jeung haté.
Beunghar méméh boga Loba kahayang nu teu saimbang jeung kaayaan dirina.
Beurat birit hésé dititah-titah, kedul
Beurat nyuhun beurat nanggung, beurat narimakeunana Kacida narimakeunana kana kahadéan, lantaran ditulungan dina waktu keur kacida butuhna.
Beureum paneureuy Hésé pisan hasil maksud.
Beuteung anjingeun Beuteung anu gedé ka luhur.
Beuteung mutiktrik berekat meunang Dahar seubeuh dinu hajat, ari balik mawa berekat.
Beuteung si éta mah ruas bungbas Teu aya kaseubeuhan.
Bihari ngalingling pasir, ayeuna ngalanglang pasar Jaman geus robah, jelema ogé loba nu ganti pacabakan atawa robah-robah tingkah laku.
Bilatung ninggang dagé Jelema teu jujur meunang kadudukan atawa kasempetan anu matak nguntungkeun keur dirina.
Birit aseupan Jelema nu diukna teu daék cicing, nyanggéyéng ka ditu, nyanggéyéng ka dieu.
Bisa ka bula (bala) ka balé Bisa campur jeung jelema ti rupa-rupa golongan, atawa bisa gawé kasar jeung gawé lemes.
Bisa lolondokan Bisa nuturkeun adat sakarep batur supaya akur, bisa ula-ilu.
Bisi aya ti cai ti geusan mandi Bisa aya nu kasigeung atawa katoél mamaras rasana.
Biwir awéwéeun Sok ngedalkeun kecap-kecap nu kurang hadé.
Biwir nyiru rombengeun(bbs) Sagala dicaritakeun anu saenyana kudu dirahasiahkeun.
Biwir sambung lemek, suku sambung lengkah Darma nepikeun maksud batur, lain niat sorangan.
Bobo sapanon carang sapakan Teu puguh undak-usukna, teu bérés éntép seureuhna, éta babasan sok dipaké pamungkas carita, sasadu bisi salah pok-pokanana atawa péréléanana.
Bobor karahayuan Katarajang apes, cilaka atawa meunang kasusah.
Bobot pangayon, timbang taraju Pangadilan, timbangan nu adil.
Bodo aléwoh Bodo tapi daék tatanya
Bodo katotoloyoh Tara daék tatanya, tara daék nurut kana nasehat batur.
Boga pikir rangkepan Henteu bostrong, henteu ujug-ujug percaya kana omongan batur anu manis.
Boga sawah saicak Boga sawah saeutik.
Bogoh nogéncang Bogoh sosoranganan, teu dilayanan.
Bohong dirawuan Kacida rahulna.
Bojo dénok sawah ledok Hirup senang lantaran boga pamajikan tegep jeung banda cukup.
Bongkok méongeun Semu bengkung ka tukang palebah cangkéng (awéwé).
Bonténg ngalawan kadu Nu leutik ngalawn ka nu gedé.
Borangan ku surak Éraan dina gempungan jalma réa.
Bosongot badé amprotan Pikagigiseun (kana beungeut), pikagimireun, pasemon jagoan.
Bru di juru, bro di panto, ngalayah di tengah imah jalma beunghar nepi ka barangteundeun teu puguh tempatna sabab barangna loba.
Buah ati/buah haté Kakasih
Bubu Ngawaregan cocok Méré naséhat atawa nyieun aturan anu balukarna nguntungkeun sorangan.
Buburuh nyatu diupah béas Néangan pangarti bari meunang tunjangan, meunang dua rupa kauntungan.
Budak bau jaringao kénéh Budak can aya kanyaho, budak olol lého
Budak olol lého kénéh Pamoyok ka jalma ngora nu tacan boga pangalaman dina pagawéan.
Budak rodék hulu Budak can aya kanyaho.
Budi santri légég lebé, ari lampah euwah-euwah Jalma anu omongan jeung kalakuanana kawas jelma bener, padahal saenyana mah jahat.
Bujang jenggléngan Jajaka tulen sarta tegep.
Bulan alaeun Kakandungan anu geus nincak salapan bulan.
Bulu taneuh Tukang tani, patani.
Buncir leuit loba duit Beunghar, taya kakurang.
Bungah amarwatasuta Bungah segedé anak gunung, bungah pisan.
Bungbulang tunda Tunda talatah, dikeunakeun ka jlama nu dititah baranggawé tara prak ku sorangan, tapi kalah sok nitah deui ka batur.
Buntu laku Teu bisa neruskeun usaha atawa pagawéan.
Buntut kasiran Korét, kumed, medit.
Bur beureum bur hideung, hurung nangtung siang leumpang Hirup senang taya kakurang, salilana ginding.
Buruk-buruk papan jati Sanajan ngewa/ambek ka dulur/baraya nu landes, ari manéhna meunang karerepet mah teu welwh hayang nulungan jeung ngahampura kasalahanana, henteu ngantep.
Burung palung dulur sorangan Sanajan ngewa/ambek ka dulur/baraya nu landes, ari manéhna meunang karerepet mah teu weléh hayang nulungan jeung ngahampura kasalahanana, henteu ngantep.
Buta térong Pamoyok ka jelema nu goréng patut, katurug-turug sagala beuki.
Butamuna Bodo balilu, teu nyaho naon-naon.
Butatuli Teu nyaho naon-naon.
Sumber: PEPERENIAN URANG SUNDA; (Rachmat Taufiq Hidayat, Drs. Dingding Haérudin, M.Pd., Drs. Teddy A.N. Muhtadin Darpan, S.Pd., Ali Sastramidjaja); KIBLAT 2000-2005