Naon atuh béda antara babasan jeung paribasa téh?
Babasan téh nyaéta sawatara susunan kecap nu hartinya teu sarua jeung harti sawajarna, tapi biasana geus kamaphum ku saréréa (Satjadibrata, 2005:61), atawa ucapan maneuh anu dipaké dina harti injeuman (LBBS, 1995:43). Babasan téh sarua hartina jeung wiwilangan atawa bibilangan, nyaéta ucapan-ucapan nu hartina henteu sajalantrana, susunan basana ringkes, saeutik patri, jeung ulah dihartikeun sacéréwéléna.
Contona: “dulang tinande” (awéwé mah kumaha lalaki) “kawas aul” (ciciduh atawa sok cumiduh), “dibeuweung diutahkeun” (dipikir dibulak-balik sangkan keuna ka nu dimaksud), “nyalindung ka gelung” (ngandelkeun [usaha] pamajikan), “kolot sapeuting” (Kolot euweuh kanyaho), “ngadu angklung” (paréa-réa omong nu taya gunana), “buntut kasiran” (korét/medit).
Kecap paribasa harti sacéréwéléna mah atawa harti asalna nyaéta panyarék. Ari dina basa Sunda kiwari, paribasa teh hartina sarua jeung ibarat, umapa, biasana, baku, dadaku, jsté. Upamana waé di ungkara:
Ceuk paribasa, najan dahar karo uyah ogé ari ngariung jeung anak rabi mah ngeunah baé.
Paribasa manéh mah ari geus ménta duit téh.
Paribasa nganyam samak neukteukan bari motongan, paribasa néang anak ngadeukeutan popotongan.
Dina élmu basa, paribasa téh babandingan anu jadi perlambang laku ngawangun hiji omongan (runtuyan kecap), anu puguh éntép seureuhna, geus puguh surupanana, geus tangtu pok-pokanana (Prawirasumantri, 1973:39). Ceuk istilah séjénna paribasa téh ungkara winangun kalimah (klausa) nu kekecapanana katut susunanana geus matok, tur maksudna geus puguh, biasana ngandung harti babandingan atawa siloka lakuning hirup manusa. Rusyana (1981:3) nangtukeun papasingan paribasa jadi tilu bagian, nyarta pangjurung laku hadé, panyaram lampah, jeung wawaran luang. Ari Sudaryat (1995:103) jeung Salmun (1963:84) nétélakeun papasingan paribasa disawang tina rupa-rupa hal, saperti ditilik tina gelarna, ditilik tina basa kabujanggan, tarjamah tina basa asing (basa Jawa, Indonesia, Arab, Inggris), disawang tina sumber babandingan (ngabandingkeun kana ngaran awak sakujur, ngaran sasatoan, ngaran tutuwuhan, ngaran kaayaan alam, ngaran barang, jeung laku lampah saperti paribasa patali jeung tani, patali jeung ingon-ingon, perikanan, dagang, seni, ninun, sistem kamasarakatan, basa, élmu pangawéruh, jeung kapercayaan).
Cindekna mah boh babasan boh paribasa pada-pada pakeman basa anu umumna prah dipaké ku saréréa pikeun nyinggetkeun carita anu panjang maksudna, disusun mangrupa kalimah anu geus matok sarta ngandung pituah atawa piluangeun. Susunanana ditetepkeun ku karuhun Sunda, teu meunang dirobah, dikurangan, dileuwihan atawa dilemeskeun, sabab lamun dirobah éntép seureuhna, tanwandé hartina ogé jadi robah.
Naon atuh bédana babasan jeung paribasa téh? Nurutkeun Abud Prawirasumantri (1995:117) babasan jeung paribasa téh saenyana mah geus ngawangun hiji kecap (kantétan), ari paribasa mah méh mirupa kalimah, ceuk Sudaryat (1985:118) babasan umumna ngandung harti injeuman, sedengkeun paribasa ngandung harti babandingan, sarta nangtukeun papasingan babasan kana babasan wangun rundayan, babasan wangun kantétan, jeung babasan wangun frasa. Ditilik tina sumber babandinganana, Sudaryat (1995:20) ngawincik deui jadi babasanngaran awak sakujur, sasaton, tutuwuhan,kaayaan alam, jeung ngaran barang.
Ku sabab kitu teu anéh upama nepi kiwari sigana nu disebut babasan jeung paribasa téh masih sok patukeur. Ceuk hiji ahli disebut babasan tapi ceuk nu séjén kaasup kana paribasa. Geura urang cutat conto-contona ieu dihandap:
Conto babasan/paribasa | Satjadibrata | LBBS | H.I. Buldan Djayawiguna | R. Maskar Gandasudirja |
Ngadu angklung | paribasa (kaca 28) | paribasa (kaca 19) | babasan | paribasa |
Ngabuntut bangkong | paribasa (kaca 44) | babasan (kaca 40) | babasan | paribasa |
Tamplok batokeun | paribasa (kaca 398) | babasan | - | - |
Wiwirang di kolang catang, nya gedé nya panjang | paribasa | babasan | babasan | paribasa |
Pikeun kaperluan praktis mah urang ringkeskeun baé yén babasan mah ngawangun hiji kecap (kantétan), ari paribasa mah mangrupa kalimah. Mun ceuk basa deungeun mah babasan téh idiom, sedengkeun paribasan mah proverb. Duanana ogé kawengku ku pakeman basa anu disebut idiomatic expression téa.
Sumber: PEPERENIAN URANG SUNDA; (Rachmat Taufiq Hidayat, Drs. Dingding Haérudin, M.Pd., Drs. Teddy A.N. Muhtadin Darpan, S.Pd., Ali Sastramidjaja); KIBLAT 2000-2005