ilustrasi: Mangle
Aya hiji jurutani boga sawah di sisi leuweung, sarta sosobatan jeung biruang. Waktu sawahna dipelakan paré, unggal peuting sok dijaga jeung dironda ku biruang. Atuh senang jurutani téh, datangna ka sawah ti beurang wungkul, henteu kudu katiisan kaibunan.
Kacarita waktu dibuat (ngala paré), buru-buru jurutani ngakut paré ka lembur, dibunikeun di imahna. Di sawahna teu ditinggalkeun saranggeuy-ranggeuy acan. Barang biruang ka sawah, kacida kagéteunana, nénjo paré kari jaramina wungkul. Gancang baé biruang téh ka jurutani nanyakeun paré bagianana. Ku jurutani dijawab yén bagian biruang ka handapna, ari ka luhurna geus béak kabéh didahar ku manéhna saanak pamajikan. Biruang asa katipu, da tadina ngajaga sawah sotéh ngarah kabagian paréna lain jaramina.
“Lamun sampéan rék muruhan ku jarami kula moal daék mangjagakeun ti peuting nepi ka bagong jeung beurit taya nu ngulampreng, da hayang sotéh ku paré,” ceuk biruang.
“Hampura wé sakadang biruang, sabab geus béak, keun taun hareup mah bagian kula ti handapana, anjeun ka luhurna,” ceuk jurutani.
“Hadé ari kitumah, ngan ulah jalir,” ceuk biruang.
Kocapkeun taun hareupna, jurutani di sawahna melak kumeli (kentang) lain paré. Biruang wantuning sato, teu nyahoeun bédana paré jeung kentang. Samarukna kumeli gé sok buahan kawas paré, nepi ka manéhna kabagéan luhurna. Sajero sakitu lilana, biruang suhud pisan tungguna, unggal peuting tara elat. Bray beurang kakara asup ka leuewung.
Jurutani lain kakara melak kumeli téh. Manehna apal pisan iraha waktu beutian. Dina waktuna, kumeli téh dirabut ku jurutani jeung pamajikan katut tatangana. Méméh magrib téh geus anggeus teu aya satangkal-tangkal acan. Beutina geus diringkid ka lembur.
Biruang, datang ka sawah nyampak kumeli tangkalna wungluk katut daunna ditumpuk-tumpuk. Unggal tumpukan ku biruang diguarkeun sugan aya hakaneunana, tapi lapur teu manggih naon-naon. Kakara manéhna ngarti, yén bagian handapna kumeli mah nu ngeunahna téh, nya éta tangtu anu geus diringkid ku jurutani ka imahna ogé.
Ayeuna biruang yakin yén jurutani téa teu beunang dipercaya, teu beunang di pikasobat. Manéhna ngomong jero haténa, “Aing sumpah nepi ka turun tumurun, jadi musuh jeung jelema. Lamun jelema datang ka leuweung, sina ngarasa pamales sobat nu geus ditipu.” Ti harita tug ka kiwari, biruang téh sato galak henteu beunang diheureuyan jelema. Kukuna jeung huntuna pohara pasakana, tanagana kacida pisan bedasna lain lawaneun jelema lumrah.** (Tina “Dongéng Sasakala” Rd. Satjadibrata / Galura)