• rss

Babasan jeung Paribasa | M

arsip kula|Rabu, 31 Juli 2013|00.30
fb tweet g+
Mabuk pangkat Adigung, ieu aing jeneng.

Macan biungan Jelema anu teu akur jeung batur selembur.

Mageuhan cangcut tali wanda Saged rék bajoang.

Maju jurang mundur jungkrang Taya piliheun, ka ditu ka dieu pibalaieun.

Malapah gedang Malibir beula méméh nyaritakeun maksud nu saenyana.

Maléngpéng pakél ku munding, ngajul bulan ku asiwung Ngalampahkeun perkara nu moal pihasileun.

Maliding sanak Pilih kasih.

Malik ka temen Asal babanyolan tuluyna jadi enyaan.

Malik mépéh Gulang-guling lantaran henteu kuat nahan kanyeri atawa keur sakarat.

Malik rabi pindah ngawula Nganteuran dahareun ka dunungan anyar.

Malik tali (malik tambang) Malik hukum.

Malikkeun pakarang Ngalawan ka dunungan ku pakarang paméréna.

Malikkeun pangali Nu disérénan pagawéan kawajibanana, kalah nempuhkeun ka nu nyérénkeunana.

Manan léwéh mending waléh Tinimbang matak susah sorangan, mending nyarita satarabasna.

Manasina sambel jahé, top-top téwéwét Moal ujug-ujug kaala hasilna, kudu sabar.

Mandi getih Baloboran getih lantaran tatu.

Mandi oray Mandi ngan sakilat, mandi ngan sakecebes, teu maké sabun.

Mangkok emas eusi madu Jelema anu omongna, lampahna, nepi ka haténa ogé hadé.

Mangpéngkeun kuya ka leuwi Nu dititah ka lembur asalna kari-kari ngelelep teu balik deui.

Manis lambé Jangji sanggup naon-naon tapi ngan omong wungkul (kalah ka omong).

Manuk hiber ku jangjangna Jelema hirup ku akalna.

Maot ulah manggih tungtung, paéh ulah manggih béja Sing bener waktu keur hirup, supaya ulah diomongkeun upama geus maot.

Mapatahan naék ka monyét Mapatahan ka nu leuwih pinter.

Mapatahan ngojay ka meri Mapatahan ka jalma nu leuwih loba kanyahona jeung pangalamanana.

Mapay ka puhu leungeun Kasalahan jelema sok mamawa goréng ka kolotna atawa ka saluhureunana.

Maras miris Teu pati wani.

Marebutkeun (ngagugulung) balung tanpa eusi Marebutkeun perkara nu teu aya gunana.

Marebutkeun paisan kosong Marebutkeun perkara nu teu aya gunana.

Mata dijual ka peda Dilarapkeun ka nu mapaweung, nepi ka teu awas ka nu disanghareupan (mata molotot tapi teu awas)

Mata duiteun Piduit pisan.

Mata karanjang Sadeuleu-deuleuna, béngbatan, biasana lalaki ka awéwé.

Mata simeuteun Ngarasa héran, nepi ka olohok teu ngiceup-ngiceup.

Matak andel-andeleun Matak ngurangan kapercayaan nepi ka handeueul nu nitah.

Matak ibur salelembur, matak éar sajajagat Matak geunjleung jadi carita dimana-mana.

Matak muringkak (muriding) bulu punduk Matak cararengkat bulu punduk, lantaran sieun ku nu lain-lain keur nyorangan.

Matak pajauh huma Matak hésé silih anjangan atawa matak teu silih pikanyaah.

Matak tibalik aseupan Matak teu bisa nyangu.

Maung malang (maung sarungkun) Sabondoroyot atawa sakulawarga ngawangun ponggawa atawa pagawé di hiji désa, tapi dina bendéngna alahbatan jeung deungeun-deungeun haseum.

Maung ngamuk gajah meta Bancang pakéwuh.

Maung ompong, bedil kosong, karéta kosong Jalma nu boga komara mah, sanajan geus teu nyekel kakawasaan ogé teu weléh dipikasérab.

Maut ka puhu Paséa budak mamawa ka kolot.

Maut nyéré ka congona Asal beunghar, beuki kolot beuki kokoro; hirup susah pakokolot atawa ngarandapan kurang rejeki sanggeus kolot.

Mébér-mébér totopong heureut Ngajeujeuhkeun rejeki saeutik supaya mahi.

Ménta buntut Ménta deui.

Méré langgir kalieun Méré barang (duit) nu kudu diakalan heula ku nu dibéré, bari can tangtu hasilna.

Medal sila Ninggalkeun riungan lantaran ambek atawa wirang.

Melengkung beukas nyalahan Keur ngorna bageur, tapi ari geus kolot henteu eucreug; atawa nu ditaksir hadé tapi goréng jadina.

Melengkung umbul-umbulna, ngerab-ngerab bandérana Ngagambarkeun iring-iringan atawa kaayaan di tempat pésta.

Mending kendor ngagémbol tinimbang (tibatan) gancang pincang Mending kénéh lila tapi hasilna alus tibatan gancang tapi hasilna goréng.

Mending pait di heula tinimbang pait tungtungna Dina urusan jaul-beli atawa usaha kudu asak heula badami, bisi jadi pacogrégan di ahirna.

Meubeut meulit Nyarékan bari mamawa (nyabit-nyabit) ka nu lian nepi ka balukarna goréng.

Meuli teri meunang japuh Kalawan teu disangka-sangka ti saméméhna urang meunang milik anu leuwih gedé.

Meunang kopi pait Digelendeng atawa dicarékan ku dunungan.

Meunang luang tina burang Meunang pangalaman pait lantaran cilaka heula.

Meungpeun carang (ku ayakan) Api-api teu nyaho (teu nénjo), ngantep batur milampah pagawéan anu dilarang.

Meupeus keuyang Ngabudalkeun kakeuheul atawa amarah ka nu teu tuah teu dosa, tampolana kana barang, lantaran ka nu boga kasalahanana teu wani ngambek.

Miceun batok meunang coét Miceun anu goréng ku sabab hayang meunang anu alus, tapi tungtungna mah kalah meunang nu goréng deui baé.

Miceun beungeut Ngabalieur, embung pateuteup lantaran ngéwa atawa éra.

Mihapé hayam ka heulang Teu boga wiwaha, titip barang atawa harta banda ka nu geus katotol teu jujur.

Mihapékeun manéh Nyeiun pikanyaaheun jeung pikaresepeun nu dicicingan atawa nu jadi dunungan.

Milih-milih rabi, mindah-mindah rasa Ganti pamajikan sugan leuwih ngarepok.

Milik teu pahili-hili, bagja teu paala-ala Rijki mah moal patukeur. Allah anu ngarijkian sakabéh mahluk-Na.

Mindingan beungeut ku saweuy Nyimbutan rasiah sorangan nu geus kanyahoan ku batur.

Mipit kudu amit ngala kudu ménta Teu meunang cocorokot kana barang batur.

Miyuni (cara) hurang, tai ka hulu-hulu-(na) Bodo pisan.

Miyuni hayam kabiri, ngémplék jawér ngandar jangjang, kuméok éléh ku bikang Leutik burih, euweuh kawani. Tingali ogé Ngéplék jawér ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri.

Miyuni hui kamayung Teu payaan, katoél saeutik ngambek.

Miyuni umang Teu daék ihtiar nepi ka bisa boga imah sorangan (saumur-umurna nyéwa atawa ngontrak).

Moal aya haseup mun euweuh seuneu Sagala rupa béja tangtu aya benerna, sanajan sok loba tambahan nu meunang ngaréka.

Moal ceurik ménta eusi Henteu maksa hayang dibéré atawa dieusian.

Moal ditarajéan Teu sieun, wani.

Moal jauh laukna Moal hésé piuntungeunana.

Moal mundur (ngejat) satunjang béas Teu sieun teu gimir saeutik-eutik acan.

Moal néangan jurig nu teu kadeuleu Moal nyangka ka saha-saha deui nu boga dosana, lantaran Si dadap geus katotol teu jujur.

Moal ngabéjaan indung suku Rusiah pisan, moal dibéja-béja.

Mobok manggih gorowong Eukeur mah aya maksud, ari hég aya jalan pikeun ngahasilkeun usaha nu keur dipaju.

Modal dengkul Modal mangrupa kadaék jeung tanaga wungkul, teu maké duit.

Monyét dibéré (sé)séngkéd Dibéré kasempetan komo ngahanakeun (kana kalakuan goréng)

Monyét kapalingan jagong Nu maling kapalingan, tukang tipu katipu.

Monyét ngagugulung kalapa Nyaho luarna wungkul, teu apal kana jerona.

Mopo méméh nanggung Wegah méméh pék ngalaksanakeun pagawéan.

Moro julang ngaleupaskeun peusing Ninggalkeun kauntungan nu geus tangtu, moro nu tacan puguh.

Moro taya, tinggal kaya Pakaya nu geus mukti ditinggalkeun, lantaran pindah ka tempat nu singsarwa euweuh.

Mucuk eurih (Ramo kuku awéwé) laléncop kawas pucuk eurih.

Muga sing ngaréndékéh kawas séréh, ngarandakah manan manjah Sing loba turunan.

Mukti wibawa Hirup senang sarta pada ngambeuan jeung pada ngahormat lantaran boga pangaruh.

Mulih ka jati mulang ka asal Maot, asal ti Alloh balik deui ka Alloh.

Mun di lembur kayu randu, mun di leuweung kayu dangdeur, dipaké pamikul bengkung, dipaké pangeret bingkeng, dipaké pancar teu ruhay, dipaké tihul teu hurung Jelema nu taya pupurieunana atawa araheunana, lantaran sagala pugag atawa taya kabisa.

Mun kiruh ti giran, komo ka hilirna Lamun pamingpin lampahna kurang hadé, komo nu dipingpinna.

Mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih, mun teu ngoprék (ngopék) moal nyapék Lamun teu usaha/digawé moal boga dahareun.

Muncang labuh ka puhu, kebo mulih pakandangan Balik ti pangumbaraan ka tempat asal sarta teu niat ingkah deui.

Mupugkeun tai kanjut Kairan leuwih gedé ti biasa, lantaran ku ijiran moal rék kariaan deui (ngawinkeun atawa nyunatan anak bungsu).

Murag bulu bitis Teu betah cicing di imah, karesepna ngan nyaba baé.

Murah sandang murah pangan Teu kakurangan, loba pakéeun jeung dahareun (di nagara nu raharja).

Muriang teu kawayaan Kalah wowotan, teu kuat nyagga lara ati, upamana anu keur kabungbulengan (kaédanan).

Mustika pagulingan Wanoja geulis pisan.

Musuh (satru) kabuyutan Musuh di baheula nepi ka ayeuna, atawa musuh turunan kawas ucing jeung anjing.


Sumber: PEPERENIAN URANG SUNDA; (Rachmat Taufiq Hidayat, Drs. Dingding Haérudin, M.Pd., Drs. Teddy A.N. Muhtadin Darpan, S.Pd., Ali Sastramidjaja); KIBLAT 2000-2005