ilustrasi: Mangle
Dina hiji mangsa, keur manéhna aya di huma, gelebug angin gedé naker. Tatangkalan loba nu rungkad, malah imah kuya ogé katebak, kaapungkeun jauh pisan, sarta kusabab imahna téh deukeut ka walungan nya ngaléong kabawa cai.
Sakadang kuya nempo imahna kaéléd cai téh teu loba pikir, isukna deg deui baé ngadegkeun imah anyar nu tohaga da ngarah teu kabawa cai. Ku kitu manéhna ngarasa sugema, boga imah weweg, ceuk pamikirana moal téréh ruksak jeung bakal rada awét.
Ngan dasar meureun keur sial, imah kuya téh geus teu lila deui baé umurna. Barang manéhna keur di cai, kasampak imah téh kahuruan, seuneu ngentab-ngentab. Sanajan kuya satékah polah ngakalan, taya hartina, tungtungna kuya téh hing baé ceurik. Imah nu ngan kari lebuna ku manéhna disanghareupan, bari teu eureun-eureun nyegruk. Eta meureun nu matak kacida nalangsaeunana mah lantaran nunggelis téa, cukleuk leuweung ceukleuk lamping, jauh ka sintung kalapa, taya geusan pakumaha.
Keur manéhna sesegruk, teu kanyahoan ti mana jolna aya monyét kolot anu geus cetuk huis.
“Ku naon sakadang kuya, sampéan ceurik kanyenyerian kitu? Atuh imah kahuruan mah nyieun deui baé” ceuk monyét ka kuya.
“Anu matak sakadang monyét, lain sakali ieu baé kacilakaan imah téh, ieu téh kadua kalian, kudu kumaha atuh akalna supaya boda imah awét cara batur?” ceuk kuya.
“Hih gampang atuh, ngarah imah ulah cilaka mah babawa waé. Hayu urang nyieun deui imah anu alus, mun geus anggeus urang tangkodkeun kana tonggong sampéan. Pantona sakira asup sirah baé, supaya dina aya nanaon gampang ngelokkeun sirah ka jero,” ceuk monyét.
Éta papatah ku kuya diterapkeun, prak nyieun imah anu pageuh, gedéna ngukur kana awakna. Pantona ti hareup, gedéna ukur logor sirahna paranti nololkeun atawa ngelokkeun sirahna baé. Sanggeus bérés imah téh ditangkodkeun ku monyét kana tonggong kuya. Nya ti harita mah imah sakadang kuya téh sok dibabawa baé digandong. Ari hareupna ukur cukup keur sirahna wungkul. Jadi mun aya nanaon téh ngelok ka jero imahna. (Galura)