Babasan jeung Paribasa | W – Y

W
Waspada permana tingal Terus tingal, ilikan weruh sadurung winarah.

Wawuh munding Wawuh meueusan pédah sok panggih di jalan atawa dina pasamoan.

Weruh sadurung winarah Nyaho méméh dibéjaan.

Wiwirang di kolong catang nya gedé nya panjang Wiwirang gedé nu teu bisa dibunian.

Watang sinambungan Nu paséa atawa nu boga perkara batur, tapi ari cékcokna jeung urang.


Y
Yuni kembang Jelema anu pasipatanana kawas kembang, pikaresepeun atawa pikalucueun.

Yuni tai Jelema anu pasipatanana teu pikaresepeun atawa teu pikalucueun.


Sumber: PEPERENIAN URANG SUNDA; (Rachmat Taufiq Hidayat, Drs. Dingding Haérudin, M.Pd., Drs. Teddy A.N. Muhtadin Darpan, S.Pd., Ali Sastramidjaja); KIBLAT 2000-2005

Babasan jeung Paribasa | U

Ubar puruluk Omongan pikeun nengtremkeun pikir sakadarna, ulah ngarasula.

Ukur pulang modal Henteu untung henteu rugi, balik jinis.

Ulah andelan ulah pidelan Ulah percayaan teuing, tapi ulah teu percaya teuing.

Ulah cara ka kembang malati, kudu cara ka picung Ulah babari bosen, kudu mayeng kayaah, kudu mimitina asih beuki lila beuki asih.

Ulah ieu aing uyah kidul Ulah asa aing pangpunjulna.

Ulah incah balilahan Entong pindah tempat.

Ulah nyeungseurikeun upih ragrag Ulah ngageuhgeuykeun (kolot) nu ku urang sorangan bakal kasorang (kaalaman)

Ulah sambat kaniaya Ulah majar manéh dikaniaya, da bongan boga dosa.

Ulah tiis tiis jahé Ulah senang-senang atawa cicing-cicing baé saméméh sasadiaan pikeun ngalaksanakeun perkara nu disanghareupan.

Umur gagaduhan, banda sasampiran Boh umur boh harta banda teu ngaboga-boga, sabab dina hakékatna mah sadayana ogé kagungan Allah.

Uncal kaauban surak Ngadéngé béja tacan sidik tuluy diandel enya baé.

Uncal tara ridueun ku tanduk Élmu moal matak ridu mamawa.

Undur kadeuleu punduk, datang kadeuleu tarang Henteu ngaléos kitu baé, bébéja heula, basa rék indit saperti basa datang.

Unggah adat jelema anu robah pangadatan (pamaké) atawa kalakuan, ku sabab ngarasa yén darajat dirina geus ningkat.

Urang curug ngebul Jalma dusun ti nu jauh pisan ti kota.

Urang kampung bau lisung, cacah rucah atah warah Jelema dusun.

Uteuk tongo dina tarang batur katénjo (kanyahoan), ari gajah depa dina pundak teu karasa kagoréngan batur sanajan saeutik kanyahoan, ari cacad awak sorangan masing gedé ogé teu karasa.

Uteuk tongo walang taga barang-barang atawa sasatoan anu panglaleutikna

Uyah tara téés kaluhur Sipat anak sok ngala ka indung-bapana.


Sumber: PEPERENIAN URANG SUNDA; (Rachmat Taufiq Hidayat, Drs. Dingding Haérudin, M.Pd., Drs. Teddy A.N. Muhtadin Darpan, S.Pd., Ali Sastramidjaja); KIBLAT 2000-2005

Babasan jeung Paribasa | T

Taarna téja mentrangan tarang anu alus kawas anu cahayaan.

Tacan aya nu nganjang ka pagéto Can aya jelema nu nyaho naon anu bakal kajadian di ahir.

Tai ka hulu-hulu Tingali miyuni hurang, tai kahulu-hulu(na).

Taktak korangeun Taktak anu leway kawas kempis.

Tamba gado ngaborayot (ngagayot) Tamba cicing teu barangdahar, lumayan sanajan lain nu ngeunah.

Tamiang meulit ka bitis Malindes ka diri sorangan.

Tamplok aseupan Turun sagemblengna ka anak, boh dedegpangadegna boh tingkah lakuna.

Tamplok batokeun Béréhan, balabah teuing nepi ka teu ngingetkeun kana kaperluan sorangan.

Tangkal kai teu kalis ku angin Unggal jelema kudu baé nyorang kasusah.

Tarajé nanggeuh dulang tinandé Sadia ngajalankeun paréntah.

Tarik alabatan (alahbatan) mimis Kacida tarikna.

Tatah wadung Rajakaya anu dipiboga ku hiji jalma.

Tawar gatra Nawaran (ngajak) dahar tamba henteu basa-basa acan. Bandingkeun ajak jawa.

Taya dunya kinasihan Sagala rupa dibikeun pikeun jalma nu dipikaasih mah.

Taya genah panasaran Geus ngarasa sugema, teu ngandung haté.

Taya geusan pakumaha (pananggeuhan) euweuh batur keur diajak badami.

Taya halodo panyadapan Taya eureunna paséa.

Taya kabau Sagala daék, sagala beuki.

Taya tangan pangawasa Leuleus, taya tanaga.

Témbong (kanyahoan) tambagana Kaayaan haté atawa laku lampahna anu goréng ahirna kanyahoaan, sok sanajan tadina disumputkeun.

Témbong gélor Hiji barang atawa tempat anu katémbongna mah deukuet padahal saenyana jauh.

Téng manuk téng, anak mérak kukuncungan Ngala ka indung jeung ka bapa.

Tebus purun paradah wani Upama perlu daék nebus, sarta wani katempuhan jeung wani tanggung jawab.

Teguh pancuh Teguh pamadegan.

Teluh kéjo Tunduh lantaran seubeuh teuing dahar.

Terusing ratu rembesing kusumah Turunan raja-raja atawa ménak.

Teu asup ka Rewah-Mulud Jelema anu tara diondang kana sidekah dina bulan Rewah jeung Mulud.

Teu asup kolem Teu asup bilangan, teu kaaku golongan.

Teu aya geuneuk maleukmeuk Bersih haté, teu ngunek-ngunek.

Teu badé gawé Teu pantes bisa digawé.

Teu basa (béja) teu carita Teu aya béja pisan.

Teu basa-basa acan Teu ngedalkeun rasa bungah, sono atawa tumarima.

Teu beunang dikoét ku nu kékéd Jelema korét, teu beunang dipéntaan tulung ku nu keur susah.

Teu beunang disupa dulang Teu beunang dibébénjokeun.

Teu boga pikir rangkepan Bolostrong, teu boga curiga, atawa teu boga rasa timburu.

Teu boga tulang tonggong Teu boga tatalang raga.

Teu busik bulu salambar Salamet atawa meunang kaunggulan, henteu kabeunangan ku musuh.

Teu busik-busik acan Salamet, henteu kabeunangan ku musuh. Bandingkeun teu busik bulu salambar.

Teu cai hérang-hérang acan Teu disuguhan naon-naon.

Teu di hurang teu di keuyeup Parasaan mah teu di cacah teu di ménak, sarua baé.

Teu diambeuan Teu dihargaan, teu diajénan, teu dipikasérab, teu dipikaéra, teu dipikasieun.

Teu dibéré cai atah Teu diogo.

Teu didéngé ku tai ceuli (bujur) Teu diperhatikeun pisan.

Teu didingding kelir Diceplakkeun satarabasna taya nu dipinding-pinding.

Teu dipiceun sasieur Ceplés, sarua pisan.

Teu ditari (ditalék) teu ditakon Diantep, teu ditanya-tanya acan, sumawonna diajak nyarita.

Teu éléh géléng Henteu éléh pangabisa.

Teu elok teu embol Teu katénjo datang atawa balikna, teu témbong-témbong.

Teu embut teu ciak Teu méré béja sautik-eutik acan.

Teu gedang bulu salambar Teu sieun saetuik-eutik acan ku ancaman musuh.

Teu gugur teu angina Teu aya lalantaranana, teu aya sabab-musababna.

Teu hir teu walahir Teu baraya meueus-meueus acan.

Teu inget sacongo buuk Poho sama sakali.

Teu jauh ti juru tihang, teu anggang ti tihang tengah Geus goréng rupana téh goréng, sabab sok pulang-paling.

Teu kabadanan Teu katanagaan.

Teu kakurung ku entik Teu kaasup bilangan jelema anu kudu disuguhan/dibéré dahar.

Teu kaleungitan peuting (Awéwé) nu tacan kaleungitan salaki sapeuting jeput euweuh di imah (ciri-ciri teu mangduakeun).

Teu kaur benta/teu kaur buluan Teu kaur aya kaboga, béak deui béak deui.

Teu lémék teu nyarék Teu ngomong naon-naon.

Teu mais teu meuleum Teu pipilueun kana urusan nu jadi carita.

Teu meunang cai atah Teu dipangmeunangkeun.

Teu nalipak manéh Teu ngukur ka kujur, ngalampahkeun kalakuan nu teu saluyu jeung kaayaan dirina.

Teu ngalarung nu burung, teu nyésakeun nu édan Ngumbar napsu sahwat bari henteu pipilih heula.

Teu nginjeum ceuli teu nginjeum mata Nyaksian sorangan, lain beunang béja.

Teu nyaho di alip bingkeng Buta hurup, teu bisa ngéjah-ngéjah acan.

Teu nyaho di hitut bau Teu loba pangalaman, dusun.

Teu nyaho di kalér-kidul Linglung, kapaider.

Teu pindo gawé Teu ngabohong.

Teu puguh alang ujurna (hulu buntutna) Teu puguh éntép seureuhna, teu bérés (bisa kana omongan atawa pagawéan).

Teu puguh monyét hideungna Teu puguh tungtungna.

Teu sanak teu baraya Teu boga baraya pisan.

Teu tata pasini Teu cacarita heula, teu badami heula.

Teu tuah teu dosa Teu boga kasalahan naon-naon.

Teu uyahan Réhé, teu lucu.

Teu wawuh wuwuh pajauh, teu loma tambah paanggang Balukar tina teu wawuh, tangtu bakal jadi pajauh.

Ti batan meunang pala anggur meunang palu Ti batan meunang pujian atawa buruhan kalah ka dicarékan.

Ti kikirik nepi ka jadi anjing Ti bubudak (leuleutik) tepi ka sawawa (déwasa).

Ti nanggerang lila beurang ti nangkorék lila poék Ti mana-mana, ti siklakna ti siklukna.

Ti ngongkoak nepi ka ngungkueuk Ti bubudak nepi ka bongkok ku kakolotan.

Ti peuting kapalingan, ti beurang kasayaban Karoroncodan leuwih ti sakali.

Tibalik pasangan Lain kitu kuduna, tojaiah jeung nu bener.

Tibatan kapok, anggur gawok Henteu kapok, anggur ngahanakeun.

Tiis ceuli hérang mata Ngarasa sugema, taya kahariwang, ngeunah téténjoan.

Tiis dingin paripurna Sampurnaning tiis pikir, tibra saré, kacida ngarasa sugemana, taya kahariwang.

Tiis leungeun Jadian pepelakan.

Tiis pikir Senang haté.

Tiis-tiis jahé Tenang-tenang waé, padahal rék nyanghareupan pagawéan gedé tur bangga.

Tikoro andon péso Nyampeurkeun nu rék néwak atawa ngahukum.

Tikoro kotokeun, caréham hayameun Isuk-isuk kénéh (neut hudang) geus kudu barangdahar.

Tilas tepus Ukur sacukupna baé.

Tinggal tulang jeung kulit Kacida begangna (nu gering ripuh).

Tinggar kalongeun Tina mindeng teuing dicarékan atawa dilarang, tungtungna teu sieuneun.

Tipu keling ragaji Inggris Pinter dina urusan kajahatan, pangpangna dina nipu atawa macikeuh deungeun.

Tisusut didungdung Digawé ti isuk nepi ka peuting teu eureun-eureun.

Titip diri sangsang badan Mihapékeun manéh, kumawula supaya aya anu méré dahar jeung paké.

Titirah ngadon kanceuh Néangan kasenangan, tapi kalah meunang kasusah.

Torojol (tumorojog) tanpa larapan Datang henteu ngiberan heula.

Totopong heureut dibébér bébér kalah soéh Rejeki saeutik ari kaperluan loba, tungtungna timbul kasusah.

Trong kohkol morongkol, dur bedug murungkut Dilarapkeun ka jelema nu kedul hudang subuh.

Tuang jinis Jelema nu sok seuri ku carita atawa dongéngna sorangan, ari batur mah euweuh nu seuri.

Tugur tundang cuntang gantang Kawajiban nu leutik ngalampahkeun papagon nagara.

Tumpang sirang Teu pantes barangpaké, tumamu lantaran kararagok waé jeung nu dicicingan.

Tunggu tutung Nu ngajaga atawa nu tunggu kapalingan ku lantaran lalawora.

Tunggul dirarud, catang dirumpak Ngalajur napsu taya nu dihiding, euweuh kasieun, sagala dirumpak.

Tunggul kuras Duit teu sabaraha anu ngahaja disésakeun, tamba kosong teuing pésak (dompét).

Tunggul sirungan catang supaan Aya kajadian goréng di ahir nu matak teu ngeunah balukarna.

Tungkul ka jukut, tanggah ka sadapan Junun digawé henteu kabéngbat ku pagawéan séjén.

Turun ka ranjang Kawin ka adi beuteung sanggeus jeung lanceukna kapegat ku ajal atawa pepegatan. Sabalikna tina unggah ka ranjang.

Turun tangis Babarian ceurik.

Turunan tumenggung sundung, patih arit Lain turunan ménak sanajan enya jeneng.

Tutung atahan Pagawéan atawa jijieunan anu alus sawaréh.

Tuturut munding Nurutan kalakuan batur bari teu ngarti kana maksudna.

Tutus langkung, képang halang, bobo sapanon carang sapakan Omongan atawa caritaan anu salah pok-pokanana atawa teu pati merenah.


Sumber: PEPERENIAN URANG SUNDA; (Rachmat Taufiq Hidayat, Drs. Dingding Haérudin, M.Pd., Drs. Teddy A.N. Muhtadin Darpan, S.Pd., Ali Sastramidjaja); KIBLAT 2000-2005